Tilu poe ti harita ….. Padmini balaka ka ramana adipati Ranuwijaya, yen sanggeus dipikir pikir, manehna satuju ka na kapalay Ramana; da memang euweuh jalan sejenna deui; manehna oge mikir keun we ari geus jadi salaki mah meureun elmuna bakal ditamplokkeun ka manehna. Kumaha ari Ki Sangga Prakosa ? Barang dipanggil jeung ditanya, manehna ngan ukur melengek we; ngan kaciri salah tingkah. Tapi akhirna manehna oge satuju. Pangpangna manehna satuju, lantaran manehna mikir, yen upama nolak tea mah; tada teuing kasigeungna hate Dyah Padmini; padahal daekna Padmini meureun meunang mikir bolak balik; lantaaran manehna sadar jelema manyang munyung urang kampung bau lisung; pastina ge moal direret reret acan; mun di na kaayaan biasa mah. Tangtuna ieu teh aya pertimbangan sejenna nu susah oge , ku sabab kitu manehna ge teu wasa nolak. Ari manehna “nolak” soteh lain pedah kurang geulis; ari geulis mah Padmini teu kudu digeulisan deui; geulis bawa ngajadi tuturanan barang lahir. Ngan nu Sangga Prakosa teu pati satuju ka na hatena, lantaran manehna asa teu sakufu; asa minculak teuing; tapi nya ahirna sanggeus di timbang2 ; ti batan mere codeka ka na hate Padmini; manehna narima. Caritana sabulan ti harita; jadi ngadahup Padmini ka Sangga Prakosa; pestana sederhana/basajan we; teu loba Pangagung nu diondang; lantaran nikahna putri Adipati lain ka bangsa Adipati atawa calon Adipati. Tah waktu poean nikahna Sangga Prakosa ka Padmini, Ki Renggono diwujuk ku Sugondo; yen manehna kudu mandiri piraku ngarepkeun kaheman batur wae. Omongan Sugondo si Setan Alas Kobar kahartieun ku Renggono; nya ti harita Renggono kakaburan; terus ngaganti ngaran jadi Brojo Nitis. Brojo Nitis oge diajar kanuragan ku Guruna Sugondo; tapi manehna teu terus milu ka Sugondo; manehna ngalalana neangan jati dirina pribadi; nepi ka panggih jeung Ki Ageng Kahuripan, nu ngajar manehna Elmu Manunggaling Kawulo Gusti. Manehna ahirna balik ka Bantul rek neangan Sugondo; tapi teu panggih ahirna manehna ngadahup ka uraang Bantul Kidul nepi ka boga budak tilu. Kitu riwayatna Brojo Nitis. Kumaha ari lalakon Padmini jeung Ki Sangga Prakosa; sanggeus nikah sabulan ; teu beja teu carita les wae Sangga Prakosa ngiles duka ka mana. Da teu beja teu carita tea. Nyi Padmini ngandeg; nya ngalahirkeun budak awewe di ngaranaan Dewi Lasmini. Ku sabab rada kawirangan, Nyi Padmini oge pamit ka ibu ramana, rek misah ti dinya; nya ahirna pindah ka Dukuh Losari nu nenggang ka ditu ka dieu. Tapi ku sabab putra kameumeut di na pindahna teh sagala parabotan imah tangga dibere pepek pisan; ka porselen2 China dibikeun ka ieu Nyi Padmini. Nya Padmini unggal poe ngan ukur ngalatih Silat jeung ngagedekeun Lasmini; ari para badega, nya urut badega kadipaten, nu sok ngalayan Padmini. Ari nu ngawangun gedong jeung jajalanan di Losaari nya para tukang wangunan ti Jepara dikerahkeun ka dieu, supaya putri kameumeutna teu susah teuing. Episode ka 58 : Lasmini DewiHANCA
