Waktu Lasmini
umurna nincak 6 taun, ku Padmini diturunkeun elmu pernafasan jeung elmu
konsentrasi, nu oge pangajaran ti Sangga
Prakosa.
Lantaran cek Sangga Prakosa nafas teh hiji factor nu pangpentingna di
na sagala hal; mun nafas euweuh bakal paeh manusa. Jadi elmu nafas sanyatana
elmu panjang umur.
Ari
konsentrasi nya eta nyalaraskeun jalanna getih nu nyaksrak di sajero jasmani;
supaya ulah gancang teuing atawa lendo teuing, tapi aya ritme nu ngalantaran
keun jalanna getih lancar disajero jasmani; ieu bakal nyehatkeun organ2 jero.
Baheula memang ti guru2na Padmini oge diajar
latihan2 model kitu; tapi latihan ti Sangga Prakosa nyata pangalusna; can
ngajaran Padmini manggih ieu palajaran atawa elmu ti guru2 nu sejen mah; ku
sabab Padmini mah diajarna kakara sanggeus nikah ka Sangga Prakosa, jadi
dadasarna geus rada kaliwat; ayeuna mah ngan ukur ngabenerkeun latihan wungkul.
Tapi ari Lasmini mah memang dadasar Elmu Sangga Prakosa pisan nu dibikeun teh;
jadi dadasar kanuragan jeung tanaga jero geus boga dasar kuat pisan. ti na Elmu
Silat Sangga Prakosa.
Sanggeus 2
tahun dibere dadasar kuat pikeun ningkatkeun tanaga jero, Lasmini diajar oge
kuda2; ieu mah lain ti Sangga Prakosa, tapi ti guru2 Padmini; tapi dipilih ku
Padmini elmu kuda2 nu cek pikiran Padmini pangalusna; da ti Sangga Prakosa mah
can kaburu, lantaran Sangga Prakosa na kaburu ngiles tea.HANCA