Kang Abas, punten abdi tumaros, upami Sangga Prakosa teh elmu naon? Kawas 
kumaha prak-prakanana?
Punten Kang abdi ngawageul...he..he...
 

________________________________
 Dari: Abbas Amin <[email protected]>
Kepada: kisunda <[email protected]>; urangsunda 
<[email protected]> 
Dikirim: Senin, 2 Juli 2012 10:16
Judul: [kisunda] Cersil Sunda 217
  
 
   
 
Waktu Lasmini
umurna nincak 6 taun, ku Padmini diturunkeun elmu pernafasan jeung elmu  
konsentrasi, nu oge pangajaran ti Sangga
Prakosa. 


Lantaran cek Sangga Prakosa nafas teh hiji factor nu pangpentingna di
na sagala hal; mun nafas euweuh bakal paeh manusa. Jadi elmu nafas sanyatana
elmu panjang umur. 

Ari
konsentrasi nya eta nyalaraskeun jalanna getih nu nyaksrak di sajero jasmani;
supaya ulah gancang teuing atawa lendo teuing, tapi aya ritme nu ngalantaran
keun jalanna getih lancar disajero jasmani; ieu bakal nyehatkeun organ2 jero.  

 Baheula memang ti guru2na Padmini oge diajar
latihan2 model kitu; tapi latihan ti Sangga Prakosa nyata pangalusna; can
ngajaran Padmini manggih ieu palajaran atawa elmu ti guru2 nu sejen mah; ku
sabab Padmini mah diajarna kakara sanggeus nikah ka Sangga Prakosa, jadi
dadasarna geus rada kaliwat; ayeuna mah ngan ukur ngabenerkeun latihan wungkul.

Tapi ari Lasmini mah memang dadasar Elmu Sangga Prakosa pisan nu dibikeun teh;
jadi dadasar kanuragan jeung tanaga jero geus boga dasar kuat pisan. ti na Elmu
Silat Sangga Prakosa. 

Sanggeus 2
tahun dibere dadasar kuat pikeun ningkatkeun tanaga jero, Lasmini diajar oge
kuda2; ieu mah lain ti Sangga Prakosa, tapi ti guru2 Padmini; tapi dipilih ku
Padmini elmu kuda2 nu cek pikiran Padmini pangalusna; da ti Sangga Prakosa mah
can kaburu, lantaran Sangga Prakosa na kaburu ngiles tea.
HANCA
      
         

Kirim email ke