Urang tinggalkeun carita si Udin keur kukuruskan di ruyuk. Ayeuna neruskeun si
Edi jeung si Lela anu pindah lapak/tempat pikeun indehoy. Tempat anu diboro
nyaeta karang lemprah anu kaiuhan ku tangkal jangkung ngajurungkung, daunna
ngaroyom . Gek duana dariuk, ari si Edi beungeutna culak cileuk bae jiga anu
keur ngawaskeun. Terus si Edi ngomong ka si Lela "Neng, kaka mah rada teu
paruguh hate, tadi jelema anu maledog ku curo pastina nuturkeun. Kaka mah
hayang nyaho bae, saha jelemana" kitu omongan si Edi ka si Lela. Ditembal ku si
Lela "Akh keun bae kaka, da urang moal rek ngalakukeun nanaon, ngan ukur ulin
di dieu". Terus si Edi cengkat bari ngodok kantong jeans ngaluarkeun rokok
jeung korek api, terus ngaluarkeun sabatang diselipkeun kana biwir, kecres
rokok dibeuleum terus disedot, pelenyun haseup rokok dikaluarkeun
bari beungeutna tetep ngawaskeun sakuriling tempat, laju manehna ngomong rada
anca ka si Lela "Neng, tungguan di dieu, kaka rek
nyalidik, bisina eta jelema nuturkeun" bari laur manehna lempang ka
pelebah karang anu ngagawir anu diluhurna pinuh ku jukut jeung tatangkalan,
laju terekal manehna naek kana gawir.
Ayeuna noong kaayaan si Udin. Asruk-asrukan dina ruyuk siga tukang pijet ja
make kaca panon hideung, jeung ceuli dicocokan ku headset, terus manehna
ngarandeug eureun, kusabab tetenjoan manehna ngan aya si Lela sorangan, ceuk
pikirna "Kamana eta si Edi ngileus". Terus manehna lempang dungka-dongko
anca-anca ngadeukeutan.
Di luhur gawir si Edi anu keur ngawaskeun nenjo kasakuriling tempat, pas
tetenjoan manehna ka hiji ruyuk aya jelema keur dungko dongko make kaca panon
hideung jeung ceuli make headset. "Tah eta meureun jurigna anu maledog make
curo, saha nya, coba ku aing rek dideukeutan" ceuk pikir si Edi.
Anu hiji keur ngintip, anu ka dua keur ngawaskeun, akhirna anu keur ngintip
malah kapanggih tiheula. Si Edi turun tina luhur gawir, manehna oge sarua
dungka dongko ngadeukeutan jelema anu ngintip manehna. Sangkan ulah kanyahoan,
si Edi muter lempangan, anu maksudna rek nyampeurkeun pelebah tukangeunna.
Sanggeus deukeut jeung geus aya tukangeun eta jelema, terus si Edi ngageureuwah
bari neke sirah si Udin "Peletak - Hayo dia, horeng dia jurig curona!!!.
Bakating ku reuwas digeureuwah, si Udin awakna ngagubrus kana ruyuk anu
dihandapeuna nampuyak tai kebo. Atuh ceuk paribasa geus ragag katinggang
taraje, atuh apeus ngarana. Nenjo si Udin nonggeng bari beungeutna nyuksruk
kana tai kebo, si Edi ngagak-gak seuri, bari ngomong tarik "Mangkana jadi
jelema mah tong sok jail, tah rasakeun ku dia kueh surubaha". Teurus si Udin
hudang bari beungeut lamokot pinuh ku tai kebo, teu nolih ka si Edi, manehna
beureubeut lumpat ka sisi laut ngumbah beungeut. (IS).
Anggeusan