Jauhkeun beda faham jeung fitnah, mangka tuturkeun Sunnah Nabi, sakumaha hadits 
'Irbadh bin Sariyah ra., anjeuna nyarita :
وَعَظَنَا مَوْعِظَةً بَلِيْغَةً ذَرِفَتْ مِنْهَا العُيُوْنُ وَوَجِلَتْ مِنْهَا 
القُلُوْبُ فَقَالَ قَائِلٌ يَا رَسُوْلُ اللهِ كَأَنَّ هَذِهِ مَوْعِظَةُ 
مُوَدِّعٍ فَمَاذَا تَعْهُدُ إِلَيْنَا فَقَالَ أُوْصِيْكُمْ بِتَقْوَى الله 
وَالسَّمْعَ وَالطَّاعَةَ وَإِنْ عَبْدًا حَبَشِيًا فَإِنَّهُ مَنْ يَعِشْ 
مِنْكُمْ بَعْدِي فَسَيَرَى اخْتِلاَفًا كَثِيْرًا فَعَلَيْكُمْ بِسُنَّتِي 
وَسُنَّةِ الخُلَفَاءِ المَهْدِيْيِنَ الرَّاشِدِيْنَ تَمَسَّكُوْا بِهَا 
وَعَضُّوا عَلَيْهَا بِالنَّوَاجِذِ وَإِيَاكُمْ وَمُحْدَثَاتِ
 الأُمُوْرِ فَإِنَّ كُلَّ مُحْدَثَةٍ بِدْعَةٌ وَكُلَّ بِدْعَةٍ ضَلاَلَةٌ"(
(Nabi Saw.) nganasehatan (magahan) kami ku hiji nasehat anu kacida jerona 
sahingga cai panon kami ngarambay jeung hate - hate kami ngageter. Mangka salah 
saurang ngomong, "Ya Rasulallah, saperttina ieu nasehat paturay tineung, 
mangka naon anu anjeun wasiatkeun ka kami?". Anjeunna ngadawuh "Kuring 
ngawasiatkeun ka aranjeun sangkan taraqwa ka Allah, jeung supaya aranjeun 
ngadenge jeung taat (ka pamimpin) sanajan anu jadi (pamimpin) ti maraneh nyaeta 
saurang budak ti Habsyah. Sabab saestuna sing saha anu hirup di antara maraneh 
sanggeus kuring, mangka manehna bakal nempo pasigeungan anu loba, mangka wajib 
ti maraneh pikeun nyekel pageuh ka sunnah kuring jeung ka sunnah para khalifah 
anu meunang hidayah jeung patunjuk. Nyekelan pageuh ti dinya jeung gegel ku 
huntu-huntu maraneh. Jeung ati-ati kana perkara anu anyar dina agama. Kusabab 
saestuna sakabeh perkara anu anyar dina agama nyaeta bid'ah, jeung sakaebh 
bid'ah nyaeta sesat". (HR Ahmad 4/126, Ad-Darimy
 No. 95, Abu Dauh No. 4607, At-Tirmidzi No. 2681, Ibnu Majah No. 42-44, Ibnu 
Hibban No. 5, Al Hakim 1/96-97, Ath-Thobarany 18/No. 617-624, 642 jeung dina 
Al-Ausath 1/No. 66, Al-Baiqaqy 10/114, Tammam dina Faw'id No. 255, 355, Abu 
Nu'aim dina Al Hilyah 5/220-221, 10/114-115 jeung dina Syu'abul Iman 6/66 jeung 
Al-Lalaka'iy dina Syarah Ushul I'tiqad Ahlis Sunnah Wal Jamaah 1/74 No. 79.)

Kirim email ke