Bagja, resep visan... Maen alus di lapang butut, aya-aya wae.. :p

 
Wassalam
Abdul Qodir Jaelani


________________________________
 Dari: Deni Indra Kelana <[email protected]>
Kepada: "[email protected]" <[email protected]> 
Dikirim: Kamis, 5 Juli 2012 10:51
Judul: [kisunda] web persib
 

  
Baraya,

Aya anu pikareueuseun di webna bobotoh Persib Bandung www.simamaung.com, nyaeta 
berita anu pangakhirna ngangge basa sunda bari aya tarjamahan basa malayuna.
Kawitna mah wartana teh malulu basa malayu. Sok lah ka para wargi nu sanesna 
anu ngagaduhan web hayu urang sasarengan masihan ruang kangge basa urang, basa 
sunda, dina postingan atanapi informasi anu dipidangkeun.

Ieu salah sahiji beritana:

http://www.simamaung.com/persiram-ngincer-poin-keur-ngamankeun-posisi/?utm_source=feedburner&utm_medium=email&utm_campaign=Feed%3A+PersibBandung+%28Persib+Bandung%29 


Palatih Persiram Raja Ampat, Jaya Hartono negeskeun timna teu hayang 
kaleungitan angka di kandang pas ngalawan tamuna, Persib Bandung dinten Kemis. 
Kusabab tim ti Papua ieu hayang ngamankeun rengking jeung ngajauhkeun ti zona 
degradasi.
Ayeuna Persiram aya di rengking ka-15, ngumpulkeun 35 angka ti 32 kali tanding. 
Tim jujuluk Dewa Laut ieu boga kasempetan naek ka posisi di luhurna kusabab 
beda poin ipis. Tapi posisina oge bisa kaudag ku tim lain nu di handapna.
“Target kami hayang saukur ngamankeun rengking. Loba musuh dihandap nu siap 
ngudag. Kami hayang lolos ti zona Playoff,” saur Jaya saanggeus ngalatih poe 
Rebo di stadion Wombik, Sorong-Papua.
Ngeunaan target tim lawan, Jaya ngucapkeun lawanna sah wae lamun ngabogaan 
target maksimal. Dumasar Jaya, tiap tim tangtu ngaharepkeun kenging di tiap 
pertandingan. Tapi saur urut palatih Persib musim 2008-2010 ieu negeskeun yen 
timna diuntungkeun kusabab jadi tuan rumah jeung meunang rorojong ti bobotohna.
Jaya ngembohan pamaenna teu kudu nempel gerakan pasangan Marcio Souza-Noh Alam 
Shah. Dumasar panilaian palatih asal Kediri ieu, kabeh pamaen Persib ngabogaan 
kualitas anu alus jeung diluhureun kualitas pamaenna.
“Kabeh kudu dijaga. Soalna aralus jeung bisa nyieun gol. Kami apal tim Persib 
sacara individu boga kamampuan diluhur rata-rata pamaen Persiram,” ceuk Jaya.
Kekengingan ti pertandingan saacanna ngalawan Persija Jakarta, 2-1, jadi modal 
keur Anderson Da Silva cs keur ngalawan tim nu dilatih Robby Darwis. Jaya 
nyatakeun yen kameunangan timna ti Persija teu leupas ti faktor lapangan.
“Kamari meunang lawan Persija, diuntungkeun ku lapangan nu butut. Pamaen alus 
mana nu daek maen dilapangan butut siga kitu. Pamaen urang, laleutik oge tapi 
daek ngudag bal. Ahirna kami meunang 2-1,” ceuk Jaya. Lalaga eta dilaksanakeun 
di stadion PTIK, Jakarta Selatan, Ahad (30/6).
Di kandangna, stadion Wombik, lapanganna cukup alus. Ngan aya faktor hawa nu 
teu bisa diperkirakeun. “Di dieu lapangan lumayan alus tapi hawana ekstrim. Ti 
panas pisan, bisa ujug-ujug hujan. Euweuh bahasa musim di dieu mah,” saurna.
Ngalawan Persib, Persiram bakal tampil pultim, euweuh pamaen nu cedera atawa 
keuna hukuman akumulasi kartu koneng. Ngeunaan faktor kacapean, keur Jaya lain 
saukur jang pamaen Persib hungkul, tapi anak asuhna oge ngalaman hal nu sarupa 
kusabab karek nepi ka Sorong poe Salasa kamari saenggeus nandang ka Pekanbaru 
jeung Jakarta.

Nuhun,
 

Kirim email ke