Baraya, Aya anu pikareueuseun di webna bobotoh Persib Bandung www.simamaung.com, nyaeta berita anu pangakhirna ngangge basa sunda bari aya tarjamahan basa malayuna. Kawitna mah wartana teh malulu basa malayu. Sok lah ka para wargi nu sanesna anu ngagaduhan web hayu urang sasarengan masihan ruang kangge basa urang, basa sunda, dina postingan atanapi informasi anu dipidangkeun.
Ieu salah sahiji beritana: http://www.simamaung.com/persiram-ngincer-poin-keur-ngamankeun-posisi/?utm_source=feedburner&utm_medium=email&utm_campaign=Feed%3A+PersibBandung+%28Persib+Bandung%29 Palatih Persiram Raja Ampat, Jaya Hartono negeskeun timna teu hayang kaleungitan angka di kandang pas ngalawan tamuna, Persib Bandung dinten Kemis. Kusabab tim ti Papua ieu hayang ngamankeun rengking jeung ngajauhkeun ti zona degradasi. Ayeuna Persiram aya di rengking ka-15, ngumpulkeun 35 angka ti 32 kali tanding. Tim jujuluk Dewa Laut ieu boga kasempetan naek ka posisi di luhurna kusabab beda poin ipis. Tapi posisina oge bisa kaudag ku tim lain nu di handapna. “Target kami hayang saukur ngamankeun rengking. Loba musuh dihandap nu siap ngudag. Kami hayang lolos ti zona Playoff,” saur Jaya saanggeus ngalatih poe Rebo di stadion Wombik, Sorong-Papua. Ngeunaan target tim lawan, Jaya ngucapkeun lawanna sah wae lamun ngabogaan target maksimal. Dumasar Jaya, tiap tim tangtu ngaharepkeun kenging di tiap pertandingan. Tapi saur urut palatih Persib musim 2008-2010 ieu negeskeun yen timna diuntungkeun kusabab jadi tuan rumah jeung meunang rorojong ti bobotohna. Jaya ngembohan pamaenna teu kudu nempel gerakan pasangan Marcio Souza-Noh Alam Shah. Dumasar panilaian palatih asal Kediri ieu, kabeh pamaen Persib ngabogaan kualitas anu alus jeung diluhureun kualitas pamaenna. “Kabeh kudu dijaga. Soalna aralus jeung bisa nyieun gol. Kami apal tim Persib sacara individu boga kamampuan diluhur rata-rata pamaen Persiram,” ceuk Jaya. Kekengingan ti pertandingan saacanna ngalawan Persija Jakarta, 2-1, jadi modal keur Anderson Da Silva cs keur ngalawan tim nu dilatih Robby Darwis. Jaya nyatakeun yen kameunangan timna ti Persija teu leupas ti faktor lapangan. “Kamari meunang lawan Persija, diuntungkeun ku lapangan nu butut. Pamaen alus mana nu daek maen dilapangan butut siga kitu. Pamaen urang, laleutik oge tapi daek ngudag bal. Ahirna kami meunang 2-1,” ceuk Jaya. Lalaga eta dilaksanakeun di stadion PTIK, Jakarta Selatan, Ahad (30/6). Di kandangna, stadion Wombik, lapanganna cukup alus. Ngan aya faktor hawa nu teu bisa diperkirakeun. “Di dieu lapangan lumayan alus tapi hawana ekstrim. Ti panas pisan, bisa ujug-ujug hujan. Euweuh bahasa musim di dieu mah,” saurna. Ngalawan Persib, Persiram bakal tampil pultim, euweuh pamaen nu cedera atawa keuna hukuman akumulasi kartu koneng. Ngeunaan faktor kacapean, keur Jaya lain saukur jang pamaen Persib hungkul, tapi anak asuhna oge ngalaman hal nu sarupa kusabab karek nepi ka Sorong poe Salasa kamari saenggeus nandang ka Pekanbaru jeung Jakarta. Nuhun,
