Mang K-abayan, ari ceuk faham kuring ngenaan Nikah Mi'syar nyaeta hiji hal 
fatwa anyar anu henteu ngabogaan dasar anu kuat boh ti pendapat ulama salaf 
atawa  ulama opat madzhab. Nikah mi'syar dimucunghulkeun ku sala sauarng Ulama 
Saudi Arabia, hal ieu kaasup ijtihad, anu ijtidah sifat kolektif anu henteu 
berlaku pikeun kummna ummat Islam.
Kawin Mi'syar nyaeta kawin anu henteu mere kawajiban nafkah jeung tempat dumuk 
(imah), hal ieu tangtuna bertentangan dengan nash anu ngajelaskeun yen kawin 
eta pikeun ngawangun rumah tangga sakinah mawaddah warahmah pikeun nurunkeun 
katurunan. Ulama Salaf jeung Ulama opat madzhab geus sapakat yen syarat nikah 
teh kudu :
1. Aya kadua mempelai (Lalaki jeung awewe lain lalaki jeung lalaki atawa awewe 
jeung awewe).
2. Lalaki salaku salaki (Kepala RT) wajib kudu mere nafkah lahir jeung bathin
3. Lalaki salaku Kepala RT wajib mere sandang, pangan jeung papan sasuai jeung 
nash anu marentahkeun 
وَعَلَى ٱلۡمَوۡلُودِ لَهُ ۥ رِزۡقُهُنَّ وَكِسۡوَتُہُنَّ بِٱلۡمَعۡرُوفِ‌ۚ لَا 
تُكَلَّفُ نَفۡسٌ إِلَّا وُسۡعَهَا‌ۚ لَا تُضَآرَّ وَٲلِدَةُۢ بِوَلَدِهَا وَلَا 
مَوۡلُودٌ۬ لَّهُ ۥ بِوَلَدِهِۦ‌ۚ وَعَلَى ٱلۡوَارِثِ مِثۡلُ ذَٲلِكَ‌ۗ 
........Jeung kawajiban bapa mere dahar jeung pakean ka para indung kujalan anu 
ma'ruf. Saurang henteu dibeuratkeun (dibebani) ngalainkeun nurutkeun kadar 
kasanggupanna. Diulahkeun saurang indung tunggara (sangsara) kusabab anakna 
jeung oge saurang bapa kusabab anakna, jeung waris (turunan) oge berkewajiban 
kitu........
3. Aaya ijab kobul
4. ayana Wali jeung idinna
5. Ayana Saksi
6. Ayana mahar
 
Jadi nikah nurutkeun faham Ahlussunah Wal Jamaah nyaeta sifatna salilana, 
mangka ngagugurkeun salah sahiji syarat kusabab karelaan pihak isteri nyaeta 
tetep henteu sah kusabab ngabatalkeun syarat sahna nikah nyaeta pihak lalaki 
wajib mere ipekah (nafkah) jeung tempat dumuk (imah). Ieu anu jadi cecekelan 
syarat nikah Ahlussunnah wal jamaah (sunni) ti zaman baheula, salaf jeung ulama 
opat mazhab.
 
Nikah mi'syar henteu nyukupan kana syarat-syarat kasebut di lihur, mangka 
jumhur ulama Ahlussunah Wal Jamaah  utama para ulama Syafi'iyah tetep 
ngaramkeun nikah/kawin misyar ieu kusabab nikah misyar loba mudharotna 
katimbang manfaatna.
 
Wallahu'alam bishawab
 
 

________________________________
 Dari: Mang Kaby <dkaba...@gmail.com>
Kepada: Kisunda <kisunda@yahoogroups.com>; UrangSunda 
<urangsu...@yahoogroups.com>; Baraya_Sunda <baraya_su...@yahoogroups.com> 
Dikirim: Selasa, 10 Juli 2012 7:28
Judul: [kisunda] Re: Mi'syar / Mu'tah
  

 
   
 
 Singkaaaap nuhuuuuns Mang Zen mundel euy... Nu Mu'tah mah jelas euy... 

Ngan palebah Mi'syar rada kurang jelas sugan bisa di berele keun deui ngan Mang 
Zen ulah ningalina tina sudut Syiah maksudna ninggali kagorenganna wungkul, 
anggap misalna sabage saurang Wahabi ngeunaan Mi'syar siga kumaha, naon sisi 
positipna ceuk maranehna? 

Kuring pernah ngadangu naha bener ceunah Mi'syar leuwih simpel/ sederhana 
artina cukup dua pihak anu terlibat + aya akad kontrak + aya mahar bisa jalan? 

Bisi weh kuring kapisek hayang ngalaksanakeun euy xixixi tinggal dipilih pan 
metoda/ teknik mana anu leuwih sederhana/ praktis ekonomis tur teu riweuh 
hehehe. 

Eta Arab-2 anu di Puncak maranehna make cara Mu'tah atawa Mi'syar kira-2?

Terus terang keur kuring ieu breaktrough / cemerdas euy boh mu'tah atawa 
mi'syar soalna mun nempo populasi dunya anu leuwih loba lalaki tibatan awewe. 
Artina kahareup sigana laina poligami anu bakal berkembang tapi poliandri... 
Hiji awewe bisa boga "salaki" leuwih ti hiji. Tah kumaha ngaturna si Awewe ieu 
naon benefit keur manehna? Meureun "mahar" ieu sigana bisa jadi solusi 
kahareup. Jadi aya compensation n' benefit keur nu daek pan? Ingetnya NU DAEK 
ieu ku kuring make hurup badag hehehe... Soalna mun aya pemaksaan tangtuna jadi 
pemerkosaan tah ieu mah teu meunang pisan. 

Ayeuna pan anu geus parah populasi lalaki leuwih loba ti awewe teh Arab jeung 
Afrika, lamun Indonesia mah masih ampir sarua tapi geus leuwih loba lalaki. 
Jadi "wajar" tah si Arab lalumpatan ka Indonesia neangan awewe soalna di 
nagarana leuwih loba lalaki hehehe. Katinggali oge pan ayeuna ekonomi 
masyarakat sakitar puncak lumayan maju. Taaaah tinggal kumaha carana sangkan 
ulah loba penyebaran penyakit? Sigana bakal leuwih hade si Ulama nyieun Itjihad 
oge lamun rek mu'tah atawa mi'syar supaya barokah boh keur awewe oge lalakina 
wajiiiib make sarung pangaman. Supaya euweuh dampak nehatip tina panyakit keur 
kulawargana. 

Siga baheula pan jelema mun make motor gengsi lamun make helm padahal eta keur 
kasalametannana... Baheula jelema era/ gengsi nyetir make sabuk pengaman 
padahal eta pan keur kasalametan jiwa manehna... Babaturan kuring kamari jam 7 
isuk jungkir balik mubilna di Majenang kulantaran tunduh nabrak beton langsung 
tijungkir mobilna... Alhamdulillah salamet ngan sikuna wungkul baret... 
Kulantaran make sabuk pengaman... Coba lamun hanteu bisa kaalungkeun sirahna 
nabrak kaca antukna bisa geger otak!

Teuing tah Ulama geus aya Fatwa Haram teu nya nyetir teu make sabuk pengaman 
misalna... Haram numpak motor teu make helm :D. Sigana kahareup perlu oge Ulama 
merhatikeun masalah-masalah Safety/ Kasalametan Umatna. 

Tah kitu oge ngeunaan sarung pengaman... Ayeuna arembung da pan diharamkeun 
jeung meureun teu ngareunah asa kabebed padahal pan keur kasalametan manehna 
jeung kulawarga supaya misalna lamun rek ngalaksanakeun mu'tah atawa mi'syar 
aman tengtrem kertaraharja :D. 

Kuring pernah ngadenge baheula Paus oge pernah ngaharamkeun kondom ngan palebah 
dieu ceunah geus meunang? Bener teu nya? 

Nuhuuuuuns,
Mang Kabayan
www.dkabayan.com

________________________________

From:  Mohammad zen <zenhus...@yahoo.com> 
Sender:  kisunda@yahoogroups.com 
Date: Mon, 9 Jul 2012 14:55:15 -0700 (PDT)
To: kisunda@yahoogroups.com<kisunda@yahoogroups.com>
ReplyTo:  kisunda@yahoogroups.com 
Subject: Re: [kisunda] Mi'syar / Mu'tah
   
Salam,

Mut'ah salah sahiji ajaran Islan anu diatur tina fiqih Islam, dalil sederhana 
ayat quran anisa ayat 24
فَمَا
اسْتَمْتَعْتُمْ بِهِ مِنْهُنَّ فَآتُوهُنَّ أُجُورَهُنَّ فَريضَةً وَلا جُناحَ
عَلَيْكُمْ فيما تَراضَيْتُمْ بِهِ مِنْ بَعْدِ الْفَريضَةِ إِنَّ اللهَ كانَ
عَليماً حَكيما
anu dimana penjelasan riwayat kanggo eta ayat pinuh pisan boh ti kalangan suni 
atawa syiah, bahkan para sahabat , tabiin, saatosna oge seueur anu ngamalkeun 
hal eta

cuman masalahna Umar khalifah kadua ngalarang dua mut'ah nyaeta mut'ah haji 
jeung nikah tidinya mazhab suni ngalarang nikah mut'ah, cuman eta oge suni 
kabelah dieuan, anu kapungkur mah saperti anu tos dibahas yen para tabiin jeung 
tabi tabiin oge ngamalkeun bih suni boh syiah kulantaran etamah ayat quran anu 
teu bisa dinasak ku sahabat bahkan ku nabi oge teu bisa.

mazhab syiah tetap menegaskeun yen halal fi zaman muhammad halal ila yaumil 
qiyamah, haramahu, haram jeung halalna di jaman Rasulullah saww halal nepi ka 
hari akhirat jeung haram na oge, kecuali ayana dalil khusus anu nyetopna.

kukituna saperti ajaran islam lainna yen sagala nanaon kedah aya aturanana:
1. kedah ku lafadz basa arab anu bener
2. anu gadis kedah izin bapakna atawa akina, (wajib)
3. aya mahar anu ditentukan ku istri atas karidoanana.

4. teu saling mewariskan, tapi bisa pake syarat dina aqad kana pewarisan
5. teu aya nafkah, tapi bisa diyaratkeun dina aqadna kana nafkah
6. kedah anu jeung afifah ( anu begeur, bersih)
7. anakna anak sah anu dinasabkeun ka bapakna., anakna boga hak waris ti 
bapakna.
8. aya aqad teu aya talak, jadi lamun tos seep waktosna tos lepas wae
9, sang istri anu tos seep waktosna kedah iddah salami 2 kali haid sampurna, 
lamun deuik kawin jeung nu sanes
10. akad kedah disebatkeun waktuna jeung maharna, lamun teu disebatkeun waktuna 
keunana permanen.


dll..

tapi kitu oge urang kedah ningali sagala pertimbanganana anu aya, di Iran oge 
nikah mut'ah mah jarang, jiga poligami di indonesia, apanan halal tapi jarang, 
aya oge biasana na mah janda anu ditinggal suami.


nikah misyar, nikah aqad permanen tapi akhirna make talak, nikah ieu teu aya 
dalil dina quran teu aya dalil dina riwayat ngan saukur ijtihad ulama wahabi 
saudi, maranehanana ngahina mut'ah ka syiah bari jeung ngalaksanakeun misyar, 
nikah misyar, teu aya landasan dalil anu bisa dipertanggungjawabkeun, 

dalil sederhana , aqad nikah permanen anu teu disebutkan jangga waktuna , teras 
saatos kitu dicerai, eta namina naqd gharadh dina basa arabna mah , nyaeta 
tujuan permanen bari jeung disumputkeun hoyong kontrak, eta dina ushul fiqih 
bathil, 

jadi bedana :
1. Nikah Mut'ah aya dalilna, boh qurn, boh riwayat, boh sejarah, boh amalan 
para sahabat, tabiin jeung saatosna,dilarang ku Umar wungkul, dihalalkeun ku 
mazhab syiah

2. nikah Misyyar, teu ya dali qurana, teu aya riwayatna, bih sajarahna, boh 
amalan sahabat, tabiin jeung saatosna, dihalalkeun ku ulama wahabi.



ieu pondokna, lamun hoyong panjangna , kapungkur atos dikirimkeun tapi lamun 
hoyong deui insyaallah di kirimkeun deui

wassalam

zen

 

________________________________
 From: Mang Kaby <dkaba...@gmail.com>
To: UrangSunda <urangsu...@yahoogroups.com>; Kisunda <kisunda@yahoogroups.com>; 
Baraya_Sunda <baraya_su...@yahoogroups.com> 
Sent: Friday, July 6, 2012 12:11 PM
Subject: [kisunda] Mi'syar / Mu'tah
  

  
Baheula teh sempet aya anu ngabahas ngeunaan mi'syar jeung mu'tah anu halalan 
thoyiban.

Poho tulisan lengkepna kasilep dimana... Manawi aya anu bisa ngajelaskeun 
singket tur padet atawa rek panjang lebar oge sae pisan.

Nuhuuuuns sateuacana...
Nuhuuuuuns,
Mang Kabayan
http://www.dkabayan.com/
   

      
      

Kirim email ke