Nu aya di dinya kaasup Ki Suro pada karaget; lantaran eta Lasmini budak keneh, tapi ngan sagebrag geus ngarengkolkeun Ki Rekso; pasti elmuna hebat pisan. Nu sejen mah boro2 hayang nyoba2 deui; nu aya mah sarieun nempo gerakan Lasmini sakitu kesitna. Kumaha ari Lasmini ? manehna ge kaget pisan, teu nyangka sakali gerak manehna sakitu KILATNA; wah enyaan gede pisan gunana aing dibeubeurat suku teh ! kitu pamikir Lasmini waktu harita. Manehna nganuhunkeun pisan ka Ibuna, nya eta Nyi Padmini. Mun baheula aing ogoan, beu lapur moal aya buktina diajar sakitu hesena teh. Isukna pamitan, ari Ki Rekso mah cenah nepi ka ayeuna masih istirahat we, reuwas jeung leuleus cenah. Nya terus we Lasmini leumpang ninggalkeun Paguron Kandaga. Enya leumpang lalaunan; tapi ku nu sejen mah Lasmini siga nu leumpang gagancangan; terus sajorelat teu katenjo deui. Ayeuna mah Lasmini rada hese leumpang lalaunan teh; lantaran suku jeung awakna asa ngadorong supaya gagancangan. Ah cek hatena ieu elmu teh kudu bisa dicekel; lain aing dicekel dikawasa ku ieu Elmu. Kitu pikiran Lasmini bari leumpang ngagedig teh. Manehna inget yen salah sahiji elmu keur ngontrol diri teh nya eta ngalempengkeun jalan napas jeung jalanna getih; bari konsentrasi. Nya sapanjang jalan, bari terus maju ka hareup manehna latihan sorangan , bari leumpang kumaha carana ngontrol gerakan dirina. Sanggeus aya sakilona leumpang, manehna ngarasa aya dua tanaga diadu, nu hiji hayang ngadorong terus , nu hiji deui nahan. Barang Lasmini nyoba nambah daya nahan, ohek teh HANCA