Karasa dada
jadi sesek; terus we Lasmini diuk heula handapeun Kiara; ngalatih nafas jeung
konsentrasi; ku manehna kapanggih ayeuna mah yen lamun jalanna nafas salaras;
jalan getih oge normal; terus aya hawa haneut nyaliara na dirina; terus muter
nepi ka puser; sanggeus sababaraha kali Lasmini ngarasa leuwih seger. 


Waduh bahaya
geuning; sagala nu dipaksakeun tinangtu moal alus hasilna. Kitu gerentes
hatena. 


Nya ayeuna
mah sanggeus aya di na kasadaran; Lasmini teu wani maksakeun deui, ngan tiap 
lengkah
make konsentrasi; enya we lalaunan ayeuna mah leumpang teh; enyaan lalaunanana
teh; ngan orokaya kudu terus bari dipikir. 


Wah hese oge
nganormalkeun kaayaan diri teh ? da ari biasa mah, matak kageteun batur; can
nanaon batur geus nyahoeun yen aing jago silat; keun we rek disabaran.  


Nya
sajeroning leumpaang teh Lasmini terus ngalatih pikeun bisa ngawasa awak
sorangan supaya teu dikadalian ku eta Elmu Hampang raga nu hebat tea. 


“Wah cek
Ibu, ieu Elmu teh Meunang ti bapa cenah, Ki sangga Prakosa alias Ki Nurustunung
! Wah lamun aya bapa mah, meureun geus diajarkeun kumaha ngawasa eta Elmu teh;
teu mawa karep sorangan; tapi bisa dikadalian nurutkeun kahayang nu nyekelna.” 


Inget ka
bapa, manehna beuki hormat ka bapana teh, lantaran tangtu bapana 10X lipet
leuwih hebat elmuna. Lasmini jadi beuki sumanget ayeuna mah; teu karasa Lasmini
lumpat supaya gancang nepi ka nu dituju.HANCA
 

Kirim email ke