Di na perkara hayang gancang mah, Lasmini gampang pisan; ngan sakilat tempat eta geus jauh ditinggalkeun; tapi ari leumpang lalaunan mah enyaan hesena teh. Leumpang biasa cara umumna jelema ; bener2 hese pisan pikeun Lasmini mah. Nepi we ka Purworejo; di dinya ngaso sapeuting; isukna pesen dahareun keur di jalan, kayaning kerak, ketan, kueh nu kira2 bakal tahan lila teu hapeuk teu bulukan; nya sanggeus dirasa cukup, Lasmini neruskeun deui lampahna. Saenyana mah loba nu heraneun nempo hiji awewe wanoja keneh wani sosoranganan ngalakukeun perjalanan; salah sahijina Ki Waluyo pamuda pamogoran urang Purworejo; manehna boga niat nu kurang hade; terus we ngajak babaturanana tiluan megat Lasmini; da geus ngadenge yen Lasmini keur nuju ka Cirebon. Nya eta jelema opatan teh megat di sisi leuweung nu bakal diliwatan ku Lasmini. Kabeneran deuih, inditna ti Purworejo teh Lasmini bari latihan ngawasa diri; latihan leumpang anca; atuh nu opataan teh nempo leumpangna Lasmini leuleumeuyeu pisan; euweuh sari2 bisa silat . Nu opatan geus lila nungguaan di dinya mani teu sabar pisan nempo Lasmini leumpang ngadeukeutan tempat maranehna; Ki Waluyo haharewosan yen sakeudeung deui maranehna bakal senang2. Keur Lasmini anteng konsentrasi latihan leumpang biasa; teu kanyahoan opat jelema ngajarega ngahalangan jalan, bari sura seuri cunihin pisan. Tapi tangtu we Lasmini taya kasieun sama sakali. Ngan wae Lasmini Kacida ngarasa sebelna nenjo eta lalaki opatan nu maregat manehna ; rarasaan mah hayang harita keneh ngabinasa opatanana; tapi Lasmini nyabar2 maneh. “Eh Paman sadaya; kuring milu liwat; tulung bere jalan.” Cek Lasmini nyoba ngomong sopan. “Eh Mbake.. mengko dhisik ta Cah Ayu ….” Cek nu saurang. “Eeh Cah Ayu … kulo jaluk pelipur lara … mbake ora lami. Hehehe” cek nu sejen deui. Nempo nu pating serengeh kitu, jeung bari babasaan nu teu sopan sarta kurang ajar pisan; Lasmini geus teu sabar deui; ngan sajorelat jebrod2 wae eta nu opatan ditajong ku Lasmini; atuh nu opatan teh ting jungkiring harita keneh, terus we kapaehan kabehanana. Rarasaan waktu harita Lasmini hayang nyeretu sukuna ku ijid2na ka na kalakuan eta opat lalaki nu teu sopan pisan ka manehna. Manehna ti harita jadi boga rasa ijid ka lalaki; ngan mun inget ka bapana, napsuna rada leler, lantaran inget yen bapana oge lalaki. Sanggeus saminggu lalampahanana, Lasmini ayeuna mah geus bisa nganormal keun gerakna; teu kadorong teuing ku eta elmu hampang raga nu aya di dirina; ngan aya bedana saeutik, mun manehna hayang leumpang lalaunan kudu konsentrasi heula jeung rada lila , kakara leumpang normal cara batur. Tapi mun manehna hayang leumpang gancang, ngan sakilat pisan gerakna jadi cepet teu kudu make konsentrasi heula.HANCA