“Bade angkat
kamana Nden ? geuning nyalira wae ?” cek si Bogel. 

“Naha kituh
kudu dikawal ?” walon Lasmini. 

Si Bogel
bungangang hatena, nyata ieu awewe teh bener sosoranganan, tapi naha nya wanian
pisan ? naha boga andelan Ilmu kanuragan kituh ? Tapi ah moal sabaraha, pira ge
awewe hiji; ngora keneh deuih. Kitu pikiran si Bogel noroweco na hatena. 

“Nden, itu
dulur kuring pang gedena, bari nunjuk ka Astrajingga;”cenah palay mileuleuheung
ka enden… eta Ki Astrajingga teh dunya barana loba; sawahna lalega; ti batan
enden teu puguh nu dijugjug, kumaha mun ngadahup wae ka Kang Mas Astrajingga;
moal susah hirup Enden… “ 


“Nyarita
naon sampeyan ?” Cek Lasmini bari rada kekerot. 

Tapi akhirna manehna hayang oge
ngaheureuyan eta nu limaan, keun hayang nyaho heula , nepi ka mana eta maksud
nu limaan teh ? 


“Kumaha
Enden ?” Cek si Bogel. 


“Ari cek
kuring mah maning tarima, rek naon indit jauh2 ka Cirebon atawa Demak, bisi
kumaha onam dijalan, maning ge senang2 di dieu.” Cek si Bogel ngawujuk. 


Keur kitu nu
tiluan baturna nyalampeurkeun oge; ngan Ki Astrajingga nu tetep na korsina;
tapi manehna neuteup terus ka Lasmini bari cungar cengir pikasebeleun. 


“Kumaha
Bogel tos ditampi ku ieu Enden panglamar ti Kang Mas Astrajingga teh ? Ah dasar
si Bogel euweuh kabecus ! Yeuh enden mun enden kersa ditikah ku Kang
Astrajingga, mun teu panuju ka na imah nu ayeuna dicicingan, bakal dipangdamel 
keun
gedong sigrong nu anyar, teu aya sesahna. Sok bade mikir naon deui enden?” 


“Nden,”Si
Cepot milu nyarita. “ Mun Enden embung dipirak; eta bojo2 nu genepan bakal
langsung dipirak ayeuna keneh ku Kang Astrajingga; keun rek dipulung ku uing
sadudulur lah, da masih saleger keneh. Hahahaha !”HANCA
 

Kirim email ke