mantabs bah Aa caritana(bari ngadepong nungguan tuluyanna)... ngan uing mah rada teu pati panuju tokoh Astrajingga, Gareng, Cepot, Dawala dipake nokohkeun jalma nu rada buraong atawa cunihin ka awewe....:)
________________________________ Dari: Abbas Amin <abas_ami...@yahoo.com> Kepada: urangsunda <urangsu...@yahoogroups.com>; kisunda <kisunda@yahoogroups.com> Dikirim: Senin, 16 Juli 2012 6:47 Judul: [kisunda] Cersil Sunda 227 “Bade angkat kamana Nden ? geuning nyalira wae ?” cek si Bogel. “Naha kituh kudu dikawal ?” walon Lasmini. Si Bogel bungangang hatena, nyata ieu awewe teh bener sosoranganan, tapi naha nya wanian pisan ? naha boga andelan Ilmu kanuragan kituh ? Tapi ah moal sabaraha, pira ge awewe hiji; ngora keneh deuih. Kitu pikiran si Bogel noroweco na hatena. “Nden, itu dulur kuring pang gedena, bari nunjuk ka Astrajingga;”cenah palay mileuleuheung ka enden… eta Ki Astrajingga teh dunya barana loba; sawahna lalega; ti batan enden teu puguh nu dijugjug, kumaha mun ngadahup wae ka Kang Mas Astrajingga; moal susah hirup Enden… “ “Nyarita naon sampeyan ?” Cek Lasmini bari rada kekerot. Tapi akhirna manehna hayang oge ngaheureuyan eta nu limaan, keun hayang nyaho heula , nepi ka mana eta maksud nu limaan teh ? “Kumaha Enden ?” Cek si Bogel. “Ari cek kuring mah maning tarima, rek naon indit jauh2 ka Cirebon atawa Demak, bisi kumaha onam dijalan, maning ge senang2 di dieu.” Cek si Bogel ngawujuk. Keur kitu nu tiluan baturna nyalampeurkeun oge; ngan Ki Astrajingga nu tetep na korsina; tapi manehna neuteup terus ka Lasmini bari cungar cengir pikasebeleun. “Kumaha Bogel tos ditampi ku ieu Enden panglamar ti Kang Mas Astrajingga teh ? Ah dasar si Bogel euweuh kabecus ! Yeuh enden mun enden kersa ditikah ku Kang Astrajingga, mun teu panuju ka na imah nu ayeuna dicicingan, bakal dipangdamel keun gedong sigrong nu anyar, teu aya sesahna. Sok bade mikir naon deui enden?” “Nden,”Si Cepot milu nyarita. “ Mun Enden embung dipirak; eta bojo2 nu genepan bakal langsung dipirak ayeuna keneh ku Kang Astrajingga; keun rek dipulung ku uing sadudulur lah, da masih saleger keneh. Hahahaha !” HANCA