Episode ka
60 : Mawar Hideung ngalalakon/in action 

   

Ku sabab
loba kajadian nu pikasebeleun, ayeuna Lasmini ngahaja loba meuli pakean 
“lalaki”;
nu warna na mun teu ungu kolot, pasti hideung; manehna ge pesen loba gambar2
laleutik , ngagambarkeun kembang Ros nu warnana hideung; buukna dirapihkeun
basajan pisan, terus dibengker ku pita, mun teu beureum warnana hideung . Tah
ku pakean kitu Lasmini ngarasa bebas nyarekan atawa nyentak ka sing saha wae,
nu wani2 ngaganggu manehna.  

Tapi masing
manehna make pakean lalaki, keukeuh we kageulisanana teu luntur. Malah mah
matak ngundang loba Pendekar kapincut ku Lasmini; atuh sapanjang perjalanan ka
Cirebon teh, sering pisan Mawar Hideung tarung; boh jeung para Pendekar ngora,
boh jeung nu geus karolot; lolobana tarung ku sabab hayang ngawin Mawar
Hideung; dimana Mawar Hideungna mah ngarasa rada ijid, ku lalaki teh. 
Atuh nya
antukna tarung. Tapi nepi ka waktu ieu can aya hiji ge Pendekar nu mapakan
kagagahan Mawar Hideung. Atuh ngan sakeudeung ngaranna geus sumebar, sohor
pisan. 

Ayeuna mah
loba nu mariris ka Mawar Hideung teh, salian ti ku sabab kagagahana na , oge
mere hukumanana oge tara kapalang; loba Pendekar nu tanpa daksa ku ieu Mawar
Hideung. 

Di Cirebon
oge Mawar Hideung tarung mani hebat pisan, jeung hiji tokoh nu oge geus
kasohor, nya eta KI Barda si Kaki Sakti. Harita di Cirebon euweuh nu wanieun
ngalawan ka Ki Barda, sabab jago2 Cirebon kabeh ge eleh ku ieu ki Barda. Ku
sabab kitu, kalakuan Ki Barda Kacida sombongna; manehna nindes pisan; nu wani
ngalawan tangtu disiksana. Pamajikanana aya salapaan urang; sering pisan mun
teu ditampiling, nya digebug mah tangtu. Untungna euweuh nu boga anak ; meureun
Ki Barda na gabug. 

Atuh
pamajikan Ki Barda teh loba nu keuheul ka salakina, tapi teu wasa lantaran jago
tea. Sakali mangsa aya nu nekad ngaracun ki Barda, nya eta pamajikan nu katilu,
Nyi Icih, tapi gagal ! 

Kirim email ke