Ki Hasan oge baraya sadaya,

Sami-sami. Hayu urang silih hampura. Kum ka sadayana wae, sim kuring
ngalangkungan email ieu neda dihampura tina samudaya kalepatan, boh lahir
atawa batin; bisi aya langkung saur, bahe carek; komo pondok nyogok panjang
nyugak mah; bisi aya reka basa anu pasalia, janji-janji anu teu pasini;
laku lampah anu henteu merenah dugi ka ngaraheutkeun manah.

Mugi Gusti Alloh ngaberkahkeun ieu bulan Rewah sareng ngadugikeun urang
sadaya kana bulan Ramadhan, ngajantenkeun bulan Ramadhan keur urang pinuh
barokah, rahmah sareng magfirah Alloh swt. Amin.

manar

2012/7/16 M Subhan Zakaria <hans_z...@yahoo.com>

> **
>
>
> Sami-sami Ki, mugia urang sadayana dipasihan kakiatan, kasabaran sareng
> kengeng karidhoan ti Allah SWT dina ngajalankeun ibadah puasa engke. Amin*
> ***
>
> ** **
>
> *From:* kisunda@yahoogroups.com [mailto:kisunda@yahoogroups.com] *On
> Behalf Of *Ki Hasan
>
> *Sent:* Sunday, July 15, 2012 8:09 PM
> *To:* Ki Sunda
> *Cc:* Baraya Sunda; Urang Sunda
> *Subject:* [kisunda] Nyanggakeun Panghampura!****
>
> ** **
>
>   ****
>
> Baraya, bilih bisi salila urang mimilisan, silih tempas dina ieu forum,
> salira ngarasa boga dosa ka uing, boh nu dihaja oge nu teu dihaja, boh nu
> karasa oge nu teu karasa, Insya Allah balumbang timur caang bulan opat
> welas, uing nyanggakeun panghampura ka sakumna kanca, najan teu dipenta oge.
>
> Atuh cenah, bisi baraya sadaya rek mere hampura ka uing, nya baeu teuing,
> ditampi kalawan asta kalih.
>
> Wilujeng mapag puasa Ramadhan!
>  ****
>
> ****
> ------------------------------
>
> No virus found in this message.
> Checked by AVG - www.avg.com
> Version: 2012.0.2179 / Virus Database: 2437/5134 - Release Date: 07/15/12*
> ***
>
>  
>

Kirim email ke