Atuh harita
keneh Nyi Icih disiksa ku Ki Barda mani jejeritan; euweuh saurang ge jelema nu
wani meper Ki Barda; padahal jejeritanana kadenge ku sabudereun eta kampung ;
euweuh hiji ge nu wani datang, misah. 


Kabeneran
harita Mawar Hideung ngaliwat ka tempat Ki Barda nyiksa pamajikana na tea ;
atuh langsung we Mawar Hideung ngadeukeutan tempat nu kadenge aya sora nu
jejeritan. 


Mawar
Hideung barang nempo kumaha sadisna Ki Barda nyiksa pamajikanana, geus teu bisa
nahan deui, terus we teu tata pasini deui nyerang ka Ki Barda. 

Ciaaat ! duk
! aduuh ! 


Ki Barda
kokoloyongan kajejek hariguna; padahal nu dituju ku Mawar Hideung sirahna
pisan; tapi kulantaran Ki Barda memang Jagoan, masing serangan Mawar Hideung
ngadadak pisan, tapi tetep kareret ku Ki Barda; Ki Barda nyingcet mani kesit
pisan; tapi keukeuh kakeunaan, sabab Mawar Hideung leuwih kesit ti batan Ki
Barda. 


Reuwas jeung
keuheul Ki Barda nyorowok :”Eh siah jurig ! lebokeun tetelo ! saha maneh
wawanianan pipilueun urusan rumah tangga aing hah !?” 


Mawar
Hideung teu ngajawab, panonna nu cureuleuk molotot ambek ka Ki Barda; Ki Barda
rada deg2an nenjo Mawar Hideung, enya geulis rupana mah, cek hatena, tapi
sorotna eta mata kacida wibawana; ret manehna nempo baju Mawar Hideung, aya
gambar kembang Ros nu warna na hideung; manehna kungsi oge ngadenge yen aya 
Pendekar
anyar, awewe ngaranna Mawar Hideung; ah moal salah ieu mangkelukna. 


Ku sabab
geus ngadenge beja yen Mawar Hideung teh luhur Elmu kanuraganana, Ki Barda teu
wani gagabah, da tadi kabuktian, manehna nu sakitu kasohor jago bisa katajong,
masing enya ge dibongohan. Pok we manehna nyarita:”Euh sampeyaan pasti nu
disebut Mawar Hideung tea nya ? Naon urusanana sampeyan pipilueun urusan Kula,
hah !?”HANCA
 

Kirim email ke