Imah kuring geus mindeng kadatangan (jadi transir) dulur ti Ciboleger, Kanekes, 
Citorek oge Cibedug (Kab. Lebak - Banten). Maranehna datang ka Jakarta usaha 
jualan. Aya anu jualan golok (bedog), madu odeng, kameti, gula kawung, jeung 
sajabana. Kadatangan dulur eta geus lila mimiti tahun 1994 sampe ka kiwari 
(tiap bulan). Ieu gara-garana kuring mun panggih jeung urang Baduy di jalan sok 
ngawaro, tuluy ngarajak maranehna nyimpang ka imah bari nyihaneut. 
Sebut bae ngarana Dimah urang Ciboleger, pakeana masih make rok can bisaeun 
make calana panjang atawa kolor. Kuring sok mere calana ka maranehna, tapi can 
pernah dipake, basana teh "Teu wasa". Kadatangan eta dulur ti Ciboleger, tensi 
darah pamajikan kuring jadi naek, kusabab sareukseuk isukanna kudu nyeuseuhan 
sarung bantal, kunaon sababna? Sababna dulur ti Ciboleger sarena beda jeung 
urang salaku masarakat umum. Mun urang sare eta bantal pikeun ngaganjel sirah, 
tapi urang Ciboleger lain pikeun sirah, tapi pikeun suku. Ditanya ku kuring 
"Ari paman mun sare ku naon eta anggel dipake ganjel hulu". Ceuk manehna "Apan 
leuleumpangan kaditu kadieu make suku, jadi suku anu kudu dipupusti ja cape-eun 
eta suku". 
Dimah kiwari geus teu aya dikieuna ja geus maot, anu neruskeun anakna sebut bae 
anakna ngarana Sakim. Beh dieunakeun kuring nenjo aya parobahan hirup ka urang 
Ciboleger. Baheula bapana Sakim (Dimah) mun leuleumpangan masih keneh make 
pakean rok, kwari anakna Sakim geus make calana panjang satengah (sampe kana 
tuur). Baheula bapana sok ngomong teu wasa bae, jeung mun ditawaran dahar sok 
hararese. Dimah mun dahar laukna hayang dibeuleum bae, sambelna embung make 
tarasi cukup cabe digireus jeung uyah make cai saeutik. Dimah mun jualan sok 
nyebutna ojolan (tukeuran/barter). Mun manehna jualan madu atawa kameti ojolan 
jeung uyah atawa gula bodas, mun dibayar pake duit embungeun basana "Kami mah 
butuhna uyah/gula lain duit". Beda jeung anakna Sakim anu hirupna geus 
terkontaminasi budaya luar, manehna jualan madu odeng henteu aya istilah 
ojolan/tukeuran, tapi bener-bener jualan kudu dibeuli pake duit. Salain eta 
dina sarena oge beda jeung bapana, bantal
 sarua jeung urang pake ngaganjel sirah, ngan anu can obah nyaeta leuleumpangan 
kudu jalan suku bae. Sakim geus beukieun KFC, geus nyaho udud Dji Sam Soe, da 
manehna mun datang ka imah kuring anu ditanyakeun teh "Lot mana udud samsuna. 
Lot meuli matabak, ngeunah, ja indung budak ge hayangeun di lembur". (matabak = 
martabak).   
 
Loba picaritaeun ieu, tapi sakitu bae. Anu jadi pikiran kuring teh, mun urang 
Baduy obah pola hirupna, dina hirup tradisional kana hirup masarakat umum 
(modern), kuring pasti jeung yakin eta Gunung Kendeng anu jadi leuweung 
salindungan masyarakat Baduy bakal beak. Kunaon sababna, sabab pola hidup 
komunal anu sederhana, jeung tabu kana sagala hal-hal anu dilarang ku karuhun 
ti masarakat Baduy, mun ditinggalkeun budaya eta, mangka lambat laun masarakat 
Baduy bakal nuju kana masyarakat sarakah. Dampaknya jelas, jika masyarakat 
Baduy sudah terkontaminasi budaya masyarakat luar (umum), niscaya pola hidup 
juga akan berubah terutama pola bercocok tanah dari tradisi ngahuma menuju 
masyarakat nyawah yang memerlukan irigasi dan air. Dari sana akan merambah 
kepada pola hidup konsumtif, yang lambat laun kelestarian hutan akan ikut 
terkikis juga. Conto sederhana si Sakim eta, geus beukieun KFC jeung martabak, 
geus ngudud Samsu.
Bukankah masarakat kita yang modern adalah masyarakat sarakah? 
 
Wallahu'alam.

Kirim email ke