Di daerah
Leuweung Tiis, di Jawa Tengah Kaler, aya kumpulan Garong Gerot nu disebut
“Siluman Laut Kaler”; anggotana geus ngaratus, organisasina kuat pisan;
dipimpin ku “Si Raja Racun” nu kawentar jadugna; dibantu ku Tilu jadug oge nu
gelarna 1. Si Tapak Waja  2. Si Tenjrag Bumi  3. Si Manuk Dadali. 


Si Tapak
Waja kasohor Ilmu silat na hebat pisan, ditambah ku peureupna nu bisa
ngabubukkeun batu sakali ninggang. Ari Si Tenjrag Bumi kasohor weduk, teu
teurak ku bedog kitu2 wae mah. Si Manuk Dadali kasohor di na kakesitanana. 


Ari
Pamimpinna nya eta si Raja Racun, cenah mah lain asli urang dinya tapi jauh ti
Sabrang Borneo; nu geus diajar rupa2 racun; cenah mah ti urang Dayak. 

Ari Ilmu
Silatna asli Kalimantan/Borneo/Born New; barang mimiti pasanggrok jeung  3 
Jagoan lokal nya eta Si Tapak Waja, Si
Tenjrag Bumi, jeung Si Manuk Dadali; 

maranehna
ngadu jajaten; hiji2 nu tiluan eleh, terus we ngahurup; dua pihakanana rame
pisan tarung, nepi ka 300an jurus; ahirna Si Raja Racun ngaluarkeun racunna,
nepi ka nu tiluan taluk; terus we maranehna opatan baradami nyieun kumpulan
garong. 

 
Nya barang mimiti turun, maranehna mucekil
meunang hasil nu gede; terus we ngumpulkeun jelema2 jagoan tapi kurang alus di
na hubungan sosialna; bangsa buaya darat, jeung pamogoran; tah ku jalan kitu
ieu kumpulan garong teh jadi gede; pangaruhna sumebar di Lor Pulo Jawa; ku
sabab rada deukeut ka Laut maranehna nyebut kumpulan teh Siluman Laut Kaler. 


Ku sabab
maranehna organisasina alus ; manehna oge boga hubungan nu alus ka kumpulan
sejenna; nya antarana ka Setan Alas Kobar. Kungsi oge si Raja Racun ngadu
wewesen ngalawan Setan Alas Kobar. Nyata di na Elmu Kanuragan mah, Si Raja
Racun aya disahandapeun setan Alas Kobar; ngan wae Si Setan Alas Kobar semu
rada miris ku racun si Raja Racun; nu matak ieu kumpulan teh silih bantu jeung
kumpulan Setan Alas Kobar di Kidul. Maranehna bisa silih hargaan.HANCA
 

Kirim email ke