Ajot jeung batur-baturna ngala suluh ka leuweung bari ngabuburit. Wanci bedug 
lohor Ajot jeung batur-baturna geus salse mengkeutan suluh. Suluhna tangkal anu 
garing jeung aralus, Kilaban anu kateulah ku balarea ngarupakeun suluh anu pang 
hadena, dibeuleumna ngareung  jeung ruhay, gancang asak kana nyangu jeung 
angeunan. Suluh dibengkeut make areuy carulang dijieun dua hurunan, panaggulna 
make tangkal Kijeret. Geus saralse Ajot jeung batur-baturna marulang bari 
maranggul suluh sewang-sewang. Ditengah jalan deukeut susukan sisi lembur 
Cipicung Ajot eureun nurunkeun tanggungan suluh, terus manehna leumpang ka 
susukan ngagujubarkeun awak terus leup teuleum lila pisan terus mucunghul bari 
beungeut katenjona sumringah ngarasakeun kalegaan. Ceuk salah sahiji 
baturna ngarana Agus anu nenjo Ajot teuleumna lila teuing  nyeleketek ngomong 
"Teuleum bari pelem nya Jot?". Puguh bae si Ajot teu tarima "Ari dia sok suudon 
bae, aing mah teuleum ge ngaleungitkeun
 hawa panas anu teu kawawa" tembalna bari hate leutikna ngaku manehna teuleum 
bari nginum cai.  

Kirim email ke