Tah kapanggih ayeuna mah, istilah carulang teh geuning dipake di kawasan
Banten nya, Kang Udin. Aya babasan "Kulitna hejo carulang" keur
ngagambarkeun kulit wanoja nu umyang koneng ngelemeng semu sejo
urat-uratna. Mun di lembur uing carulang teh katelahna jotang.

2012/7/25 Sp Saprudin <udari...@yahoo.co.id>

> **
>
>
> Ajot jeung batur-baturna ngala suluh ka leuweung bari ngabuburit. Wanci
> bedug lohor Ajot jeung batur-baturna geus salse mengkeutan suluh. Suluhna
> tangkal anu garing jeung aralus, Kilaban anu kateulah ku balarea
> ngarupakeun suluh anu pang hadena, dibeuleumna ngareung  jeung ruhay,
> gancang asak kana nyangu jeung angeunan. Suluh dibengkeut make areuy
> carulang dijieun dua hurunan, panaggulna make tangkal Kijeret. Geus saralse
> Ajot jeung batur-baturna marulang bari maranggul suluh sewang-sewang.
> Ditengah jalan deukeut susukan sisi lembur Cipicung Ajot eureun nurunkeun
> tanggungan suluh, terus manehna leumpang ka susukan ngagujubarkeun awak
> terus leup teuleum lila pisan terus mucunghul bari beungeut katenjona
> sumringah ngarasakeun kalegaan. Ceuk salah sahiji baturna ngarana Agus anu
> nenjo Ajot teuleumna lila teuing  nyeleketek ngomong "Teuleum bari pelem
> nya Jot?". Puguh bae si Ajot teu tarima "Ari dia sok suudon bae, aing mah
> teuleum ge ngaleungitkeun hawa panas anu teu kawawa" tembalna bari hate
> leutikna ngaku manehna teuleum bari nginum cai.
>
>  
>

Kirim email ke