“Bujur Piyan
batamu lawan Ulun; batamu lawan Si Setan Alas Kobar buahayya ! Hahahaha. Ulun
bakal manjadikan Piyan Wakil. Tah pan luhur pisan pangkat Piyan.” 


Mawar
Hideung mani kekerot ku ambek2na; tapi bari lucu ngadenge pangbibita Si Raja
Racun nu lain bae bakal ditolak, tapi pikacuaeun pisan. 


Ayeuna Mawar
Hideung nyorowok bari nulak cangkeng :”Ngomong naon andika heh si goreng pucus
! Aing mah teu sudi najis teuing ngabalad jeung sampeyan sakabeh ! Malah ayeuna
aing bakal merenkeun sampeyan sakabehna!” 


Amarahna eta
opat Kapala Begal Siluman Laut Kaler geus teu kaampeuh deui; ayeuna opatanana
maju ngoroyok Mawar Hideung. Cek di na angkeuhanana pasti Mawar Hideung bisa
ditalukkeun, komo ditambah Racunna si Raja Racun mah. 


Mawar
Hideung susuitan, tanda siap tarung tutumpuran ngalawan eta opat jadug. 


Rame pisan
eta nu tararung ngadu jajaten teh, estu matak gigis nu lalajo; lantaran gerakan
maranehna Kacida karesitna; ngan ukur kaciri kolebatna wungkul. 


Sanggeus
sapuluh jurus; Si Tenjrag Bumi kapeupeuh deui igana, mani rada ngoloyong
katukang. Barang si Manuk Dadali ngabarengan nyerang ku gerak kilatna;
kapiheulaan ku gerak nu leuwih cepet ti Mawar Hideung, Jeplak kacabok pipina
pisan; atuh mani kokoloyongan lieur. Untung Mawar Hideung teu terus nyerang
lantaran kapegat ku Tapak Waja; nya kapaksa Mawar Hideung mundur. Karasa
tonggongna aya nu ninggang; Mawar hideung salto ngajauhan . 


Rada reuwas
oge Mawar Hideung, lantaran karasa ieu koroyokan beurat pisan; napasna rada
sesek oge; tapi lain ge Mawar Hideung mun mundur ku kitu2 bae mah; manehna
ningkatkeun Elmuna atuh ayeuna mah nu opatan ge ampir teu nempo gerakan Mawar
Hideung; nu katenjo ngan kolebatna wungkul. 


Atuh harita
keneh plak ! Plok ! nu opatan pada kabagi cabokan sakali sewang ! 


 Si Raja Racun ayeuna mah ngaluarkeun sejatana
model suling ti na awi; tapi euweuh liangan; terus we manehna niup bul we ti na
eta bungbung awi teh aya kebul warnana semu hejo ngelun terus nuju ka Mawar
Hideung.HANCA
 

Kirim email ke