Mawar
Hideung waspada, yen ayeuna si Raja Racun geus ngaluarkeun racunna; ngan
sakilat Mawar Hideung oge geus ngabelesatkeun senjata rahasiana ! 


Aduuuh !
kadenge sababaraha kali eta nu opatan kadenge nyorowok ku sabab nyeri; kaciri
tikoro nu opat begal geus katancep ku senjatana Mawar Hideung; opatanana ting
jarungkel, duka maot duka tacan.  


Mawar
Hideung nyanghareupan para Begal nu loba nu keur arolohok mata simeuteun;
barang Mawar Hideung ngangkat senjata Rahasiana, berebet we eta anak buah begal
teh kalabur paheula heula; loba nu lumpat bari wer2 kiih ku sieun2na. 


Di tempat
eta ayeuna mah lenglang; ngan aya nu pating solengkrah we nu kaparaehan, atawa
nu binasa. Mawar Hideung masih luak lieuk sakeudeung; keur kitu karasa lieur; 
brek
we Mawar Hideung diuk, terus ngalempengkeun pernapasan; rupana Mawar Hideung
oge geus ngisep saeutik hawa racun si Raja Racun; karasa awakna rada laleuleus;
tapi terus we Mawar Hideung konsentrasi. 


Untung para
begal geus barirat, mun henteu mah matak bahaya pisan. 


Mawar
Hideung ngarasa urat2na nyareri; wah racun teh jahat pisan. 


Rada reuwas
oge Mawar Hideung; tapi gancang nenangkeun diri; sabab mun henteu racun bakal
leuwih gancang nyebarna. 

Keur manehna
diuk kitu; asa karasa aya angin ngahiliwir; geus kitu karasa saperti aya nu
diuk satukangeun manehna; Mawar Hideung terus we peureum; teu kanyahoan siga
aya tanaga nu ngabantuan manehna ngusir racun; eta jirim teh estu ngeteyep
pisan teu kaciri  

  
 Barang
Mawar Hideung beunta, sanggeus sawatara lilanaa, manehna nenjo digigireunana
aya hiji bungkusan leutik jeung hiji surat; barang dibaca mapatahan kudu ati2
jeung eta obat anti racun cenah gancang diinum; lamun iinditan kudu nyiapkeun
obat; bisi kabongohan. 


Mawar
Hideung rungah ringeuh, teu nyaho saha nu nulungan manehna; tapi tadi karasa
aya nu diuk satukangeun manehna jeung nyalurkeun tanaga ngabantu miceun racun
ti jero awakna, Manehna yakin aya hiji Pendekar sakti nu ngahaja nulungan
manehna; teg we Mawar Hideung ka bapana; wah mungkin wae bapana geus apal
ayeuna mah yen anakna keur ngalalana, terus nulungan.
HANCA

Kirim email ke