Aya papatah "Ngajelemakeun Jelema" hartina paduli kana kasusah batur bari 
dilakonan, ceuk basa kulonna mah boga "Sense Social" lain ngudag riya atawa 
hayang kapajah ku batur, estu kaluar dina hate sanubari, iklas jeung ridho 
jeung Lillahi Ta'ala babagi rizki nulung jelema anu butuh, lain kusabab 
beunghar harta bro di juru bro di panto, tapi nyisihkeun rizki anu katarima 
tiap bulanan (gaji)dikaluarkeun 2,5% pikeun inpak, zakat awata sodakoh.  Hal 
ieu anu baris dilakokan ku Pa Udan basa cuti digawe, manehna nyaba ka lembur 
kolotna di ujung Banten Selatan, anu harita keur aya di imah si Ajot. 
 
"Kumaha Bi Onah, kami rek ilu mantuan biaya sakola si Ajot" ceuk Pa Udan ka 
indungna Ajot anu harita cambetem bae. Meunang pananya ti Pa Udan kitu, Bi Onah 
ngan ngeluk tungkul bari panon rembay ku cipanon, pokna "Sateuacana 
abdi ngahaturkeun nuhun anu saageung-ageungna, mudah-mudahan niat ikhlas Kaka 
dibales ku Allah. Sareng mudah-mudahan sagala urusan kaka dihampangkeun sareng 
dilancarkeun, disehatkeun badanna, dilancarkeun rizkina, teu hilap oge ka 
Teteh, oge sadayana putra-putra Kaka sing berkah rahayu". Ngadenge runtuyan 
omongan Bi Onah anu pinuh do'a, Pak Udan ngan ngomong "Amin....Amiin...Amiin 
Yaa Allah! Terus manehna nyambung omonganna "Bi Onah, salain eta kami geus 
badami jeung babaturan dina paguyuban di kota, yen kami arek ngarehab imah bi 
Onah. Isuk pageto babaturan ti kota arek kadarieu, maranehna hayang nenjo 
kaayaan anu sabenerna bari langsung mawa biayana pikeun ngarehab imah".
 
Meunang omongan anu ngabungahkeun hate, Bi Onah segruk ceurik bari sujud syukur 
"Gustiiiiii Pangeran abdi, Alhamdulillaah, Alhamdulillaah, hampuran kaka, abdi 
tos ngariweuhkeun". ditembal ku Pa Udan "Ah henteu, tos lah Bi Onah tong 
ceurik, ieu aya rezeki deui, kami arek mere modal usaha. Biasana Bi Onah osok 
dagang ngideurkeun lauk, oge osok dagang kueh surubaha, misro, curo, katimus 
jeung cendol, kumaha mun eta usaha dilakonan deui. Ieu kami mere duit lima juta 
pikeun modal usaha. Tah ieu duitna" bari sok leungeun Pa Udan ngasongkeun 
amplop dicekelkeun kana leungeun Bi Onah. "Nuhun kaka, Insya Allah ari aya 
modalna ieu ku abdi dijalankeun" ceuk bi Onah. Geus kitu Pa Udan hudang dina 
diukna laju nangtung bari ngomong deui "Bi ayeuna si Ajot ku kami rek dibawa 
heula ka Sakolaan, kami rek ka Darul Kutub ngadaftarkeun si Ajot" laju manehna 
pamit bari ngajak Ajot.
 
Hanca....

Kirim email ke