Aya hiji budak anu sapopoena getol jeung arjin, sebut be eta budak ngaranna
Ajot. Umur Ajot karak 13 taun, tapi kahirupan sapopoena jiga jalma anu geus
boga bikang. Isuk nepi ka teungah poe manehna sakola, tas sakola manena ilu
kuli ka juragan kopra purah nyongkelan kalapa atawa mesekan kalapa. Tas buburuh
manehna balik ka imah bari mawa batok kalapa anu ngahaja manehna ngumpulkeun
pikeun nyieun areung, anu samemehna geus meunang idin ti juraganna. Di
tukangeun imahna aya lelemahan lumayan lega, lelemahan eta dipake tempat pikeun
meuleuman batok kalapa. Balik ka imah teh lain reureuh, tapi neruskeun pagawean
nyieun areng. Ari bapana tukang kalaut jadi anak buah payang tapi geus lila
paeh opat taun katukang tikaleubuh di laut sampe ka kwari teu panggih
bugang-bugangna acan. Indungna purah kula kuli, naon bae pagawean dicabak; kuli
nyeuseuh, kuli ngored, kuli tandur, jeung kuli dibuat mun panen sawah. Ajot
hirup jeung Indung, adina oge
Ambuna nyicingan imah geus reot, bilik geus barolong ditambalan kardus,
kenteng barocor, mun usum hujan teu kagieur ja bocorna unggal juru. Hasil kula
kuli jeung nyieunan areung kabeh dibikeun ka indungna. Ceuk Ajot ngomong
ngaheulas "Lain teu hayang hirup siga barudak batur, tas sakola cicing di imah
reureuh, atawa arulin. Abi jadi kula kuli pikeun mantuan Ema, Ambu, oge
tatambahan pikeun biaya sakola abi jeung adi. Abi hayang sakola terus, najan
hirup ripuh ge. Mun tea mah Bapa masih keneh hirup meureun moal ripuh-ripuh
teuing"
Laku lampah Ajot sapopoe aya anu merhatikeun hiji jalma sebut be eta jalma
ngarana Pak Udan. Beja ceuk beja Pak Udan salembur jeung Ajot, ngan manehna
ngumbara di kota kwari geus jadi urang kota. Pak Udan katarik kana sikap
sumangeutna hirup si Ajot. Hiji waktu Pak Udan ngadatangan imah si Ajot,
manehna langsung ngomong jeung si Ajot "Jot, maneh hayang sakola sampe ka
luhur" tanya Pak Udan, si Ajot ngan unggeuk bari sirahna tungkul. Terus Pak
Udan nanya deui "Jot bener maneh hayang sakola sampe ka luhur?". Ajot ngajawab
bari dareuda "Kantenan Pa, tapi biayana timana, bujeng-bujeng kangge biaya
sakola ka luhur, kangge biaya unggal dinten ge sesah". Meunang jawaban kitu, Pa
Udan ngusapan sirah Ajot bari pokna "Jot, pikeun biaya sakola ulah dipikiran,
Bapa anu bakal ngabiayaan maneh. Syaratna maneh kudu rajin belajar sangkan
maneh bisa terus sampe sakola luhur". Ajot rada teu percaya meunang omongan ti
Pak Udan bari beungeutna melong ka Pak Udan anu
harita Pak Udan unggeuk bari mesem. Laju si Ajot ngagabrug kana lahunan Pak
Udan bari ceurik sesegrukan bakating ku atoh jeung bungah aya jalma anu arek
melaan manehna.
Hanca