Teraskeun Bah
Sent from BobokoBerry®

-----Original Message-----
From: Abbas Amin <abas_ami...@yahoo.com>
Sender: kisunda@yahoogroups.com
Date: Tue, 21 Aug 2012 10:12:03 
To: kisunda<kisunda@yahoogroups.com>; urangsunda<urangsu...@yahoogroups.com>
Reply-To: kisunda@yahoogroups.com
Subject: [kisunda] Cersil Sunda 254





Atuh ku
ancamaan kitu mah, para anak buah nu boga niat hayang bebela ge, jadi
marurengked. Tapi ku ancaman eta , loba oge anak buahna nu aratoheun,
bungaheun, lantaran teu kudu cape2 merangan si Mawar Hideung, nu geus tangtu
jadugna. Sakabeh anak buah si Setan Alas Kobar geus mupakat moal pipilueun ka
na urusan tarung antara pribadi Setan Alas Kobar jeung Mawar Hideung; nu
tangtuna oge , eta nu dua teh elmuna jauh saluhureun maranehna. 

Si Setan
Alas Kobar geus nangtukeun, yen ieu tarung teh ngan keur manehna duaan jeung si
Mawar Hideung; jadi manehna neangan tempaat baris tarung nu hese
didataanganana, ari teu bogaa elmu kanuragan luhur mah. Manehna kacida buleud
hatena; pinuh kayakinan bisa ngelehkeun Mawar Hideung. 

Kumaha aari
si Mawar Hideung salila 8 taun ieu ? 

Si Mawar
Hideung oge arang muncul di kalangan Pendekar; lantaran leuwih resep mawa
dirina ku waruga hiji awewe desa nu basajan. Nyi Lasmini. Teu arapaleun yen
Lasmini teh Mawar Hideung. 
Tapi arang ayeunaa mah lalaki wani2 ngaganggu ka
Lasmini, lantaran boga pikiran sieun kapanggih ku Mawar Hideung; tangtu moal 
diantep;
tangtu maranehna cilaka. Nu matak salila Lasmini aya di Cirebon teh, aman we,
arang aya kajadian nu teu diharepkeun. 

Aya eta ge
hiji dua lalaki nu ngahaja ngadatangan Lasmini, tapi bari enya2 hayang miharep
kadeudeuh mileuleuheung ka Lasmini; ngan ku Lasmini ditolak bari tetep someah.
Paribasa can mikir imah2. 

Nu mimiti
jadi murid Lasmini, ngaranna Nyi Inah; manehna kapanggih ku Lasmini rek maehan
maneh, lantaraan nyeri hate ( patah hati ) ditinggal kawin ku kabogohna. Hese
oge ngabangbalerkeunana, tapi ahirna Nyi Inah sadar; terus we jadi murid
Lasmini. 

Sanggeus
kitu, Lasmini boga murid deui; dua budak awewe; ieu mah duanana adi lanceuk,
pahatu lalis, terus dijadikeun tukang lacur ku hiji mucikari; kanyahoan ku
Lasmini; gancang ngadatangan mucikari ku jirim Mawar Hideung. Atuh eta mucikari
sieuneun pisan; nya eta dua budak nyi Edah, jeung Nyi Entin dipasrahkeun ka
Mawar Hideung.HANCA
 


Kirim email ke