Ahirna
Lasmini pindah ti Cirebon, ka tutugan gunung Cereme; terus manggil tukang; ti
lembur nu deukeut ka dinya; supaya pangadegkeun hiji imah gede keur hiji
paguron.
Lantaran
Ilmu Silat Lasmini dadasarna ka na kagesitan, jurus2na diumpamakeun walet nu
kesit; jurus2na disebut ku ngaran2 manuk walet; nya Ilmu Silatna disebut oge
Elmu
Manuk Walet. Tah Paguronna ge disebut we Paguron Walet Hideung; atawa Kumpulan
Walet Hideung.
Ari Si Setan
Alas Kobar mah, salila sapuluh taun teh, mesuh raga ningkatkeun Elmu
kanuraganana; ari Mawar Hideung terus ngumpulkeun murid2na, bari dibere
indroktinasi yen lalaki teh neken pisan ka awewe. Jadi awewe ti semet ayeuna,
ulah eleh ku lalaki, nu sok ngahina basa ka awewe.
Tapi sanajan
Mawar Hideung sibuk ku pagawean ngurus Paguronna jeung ngamajukeun kumpulan
Walet Hideung; tapi manehna ge teu poho ningkatkeun kanuraganana, utamana di na
maledogkeun senjata rasiah tea.
Di na hiji
mangsa, Lasmini keur ulin ka Tatar pasundan, manehna panggih jeung budak awewe,
nu lulumpatan bari kaciri ceurik; terus we Lasmini nuturkeun eta budak awewe
bari samuni; teu nembongan, hayang nyaho ku naon sabab2na.
Kaciri eta
budak awewe teh siga aya kasieun, sigana nekad kabur ti imahna da estu teu mawa
bebekelan sama sakali. Rupana eta budak awewe teh “geulis”; wah bahaya pisan
yeuh, cek batin Lasmini. Nya terus we nuturkeun ti kajauhan.
Papakean eta
budak awewe teh pantes; jadi pastina ge anak jelema senang; naon sababna make
kabur !? kitu pikiran Lasmini sajeroning nuturkeun eta budak awewe.
Eta wanoja
terus we nuju ka warung nu aya di sisi jalan; di dinya keur dariuk tilu jelema
barosongot, siga bangsana oah2 da marawa bedog. Eta budak awewe teh bari rada
sosolotokan terus muru tempat diuk; terus mesen kadaharan jeung inuman. Oah nu
tiluan silih pelong jeung pada baturna, bari ti na paromanna kaciri aya niat nu
kurang hade.
Lasmini nyerangkeun we terus ti kajauhan, can niat turun; hayang
nyaho nepi ka mana, jeung kumaha eta budak awewe teh.
HANCA