“Aduh
ampuun, Mawar Hideung ! Enyaan kuring tiluan moal wani2 deui.” 


“Hmmmh !
ayeuna Kula rek mawa eta budak awewe; awas Kula sawaktu waktu bakal kadieu deui
! Bakal nilik kalakuan arilaing !  
NGARTI !?” 


“Diestokeun
pisan ! ceuk nu tiluan sababaraha kali. Bari tetep ngadagor dagorkeun sirahna
sorangan. 


Sanggeus rada
lila; eta kamer jempling pisan, teu kadenge sama sakali Mawar Hideung mawa eta
budak awewe; nu tiluan tarangna geus garetihan, ku sabab ngageduk2eun sataker
tanaga; mani ngarasa lieur pisan; tapi teu wani gagabah api2 ; lantaran pasti
kanyahoan ku Mawar  Hideung; mun api2
mah; ku sabab kitu maranehna geus baloboran getih; boh na tarang, boh na
leungeun nu keuna ku senjata Mawar Hideung. 


Barang
maranehna cengkat, maranehna geus teu nenjo deui di dinya aya Mawar Hideung; si
budak awewe ge geus teu katempo deui. Hartina Mawar Hideung geus lila indit ti
dinya bari teu ngomong naon2; maranehna ngarasa rada reugreug; ngan wae masih
keneh kabur pangacian, lantaran nyata memang Kasakten Mawar Hideung memang
pinunjul pisan; wah ampir aing tiluan paeh. Mani bibirigidigan eta nu tiluan,
mikirkeun kahebatan Ilmu Silat Mawar Hideung. 


Tetela lain
DONGENG; untung aing teu ngalawan ; mun henteu mah ngan tinggal ngaran. Iiiiy
cek pikiran nu tiluan; nu Kacida sieuneunana ayeuna mah ku Mawaar Hideung. 


Kumaha ari
Mawar Hideung ? 

Sanggeus
nulungan eta budak awewe, terus meuli baju kabeneran warna koneng; eta baju di
bikeun sina dipake. Eta budak awewe nganuhunkeun pisan ka Mawar Hideung; terus
we ku Mawar Hideung dibawa ka leuweung di luar Cirebon; di dinya eta budak
awewe sina ngalalakonkeun pangalamanana. 


Eta budak
awewe teh ngakuna ngaran Sari anak Ki Sarlita, ti Kampung Giri Resik. Ngan
sakitu eta budak awewe nyarita; waktu ditanya kunaon aya di eta lembur nu jauh
ti kampungna ? Sari teu gancang ngajawab, ngan uman imen we semu nu era. 
Ku
sabab Mawar Hideung mah CERDAS; manehna geus ngira2 yen ieu Sari teh tangtu
matak kabur ti kolotna lantaran ngarasa dipaksa; jeung lamun disebut dipaksa
pikeun ka awewe mah ngan ukur lamun dipaksa kawin; pok wae Mawar Hideung
nyarita:”Yeuh Sari, tong era2 ka Kaula mah, nyarita we saujratna; da moal
dibolekerkeun ka sasaha; kabeh jelema boga alesan jeung kaera masing2; jadi hal
ieu geus UMUM; teu kudu era. Sok nyarita Sari; naha Sari teh dipaksa kawin, ku
Bapa Nyai ?” 


Sari mani
reup geuneuk ray pias ditanya kitu teh, bari unggeuk, manehna nyarita lalaunan
pisan :”su  muu  huuun ….” 

Sanggeus nyarita kitu, Sari rada
balaham belehem eraeun. 

Mawar
Hideung  seuri mani ngeunah
pisan:”Hahahahaha … kitu2 wae mah atuh, naon nu kudu jadi kaeraanana, sari !?” 

Unggal nyarita Mawar Hideung Kacida akrabna; saperti anu geus lila pisan gaul
jeung Sari teh; anu nyababkeun Sari ngarasa dipikanyaah jeung diperhatikeun;
Sari duka kumaha ayeuna mah ngarasa tengtrem hatena deukeut jeung Mawar Hideung
teh; beda waktu padeukeut jeung Kang Jalma, enya ge asa manggih dunya anyar
bari siga nempo kaendahan dunya; tapi hate kurang tengtrem, loba pagaliwotana. 


Mawar Hideng
nempo paroman Sari robah ti na era, jadi kaciri tenang ayeuna mah; Mawar
Hideung surti, yen eta tanda Sari geus percaya pisan ka manehna; terus we Mawar
Hideung nyarita deui bari imut ngagelenyu:”Yeuh Sari; tong ham ham tong
hariwang; Sari deukeut kuring mah bakal aman ; sok tah ayeuna bejakeun
sacerewelena.” 


Sari:”Kuring
teh dipaksa kawin ku bapa kuring…” 


Mawar
Hideung:”Enya, eta mah geus nyaho. Terus ka nu geus kolot lalakina !?” 


Sari:”Ah
henteu,  biasa we paling ge 20an taun;
kira2 mah sapantar we jeung kuring.” 


Mawar
Hideung:”Ah aneh … kapan lalakina sapantar… naha goreng patut pisan rupana !?” 


Sari :”Ah
henteu deuih …. Da eta jajaka teh nya kaasup pantes we.” 


Mawar
Hideung :”Naha atuh ? asa araraneh mani nolak sagala. Da meureun bapana Sari
pasti jelema aya; tangtu neangan pasangan Sari ge ka nu sakufu lain !?” 


Sari:”Bener
eta ge…” Sari rada ngaheugeu . 


Mawar
Hideung:”Ari geus , ku naon atuh ? nepi ka dibelaan kakaburan !? asa araraneh
pisan … jeung make wani ngabantah ka na kahayang bapa ? aduh naon atuh sababna
Sari !? ; kapan bapa Sari teh geus ngajodokeun ka nu sakufu; naha make kabur?“
Beuki teu ngarti Mawar Hideung; lantaran manehna mah can nyaho jero2na hubungan
antara jajaka jeung wanoja; manehna estu kurang ngarti; enya ge dibebaskeun ku
Nyi Padmini; tapi estu manehna mah dilatih teh nya kanuragan, jeung hubunganana
ka na kapendekaran; kurang ngarti soal hubungan awewe lalaki mah. Nya anu rada 
ngarobah
beda pandangan saeutik teh meureun sanggeus ngahargaan ka lalaki nu ngaran Ki
Rangga; salian ti eta mah Mawar Hideung estu teu ngarti pisan.
Hanca
 

Kirim email ke