Sari ayeuna
mah teu ragu2 deui; Sari nyarita yen manehna di na hiji waktu, narima hiji
pamuda nu dibawa ku bapana Ki Sarlita; lantaran cenah eta pamuda teh kungsi
nulungan Ki Sarlita, waktu dibegal dina perjalanan; tah ku sabab kitu eta
jajaka teh dibawa sina cicing di imahna. 

Duka kumaha
Sari katarik atina ku eta pamuda; padahal Ki Sarlita jeung lanceukna Nya eta Ki
Sarwa teu satuju pisan, ka na hubungan Sari ka eta Jajaka teh; lantaran eta
pamuda teh teu puguh dumukna cenah. 

Eta Jajaka
teh terus we na hiji waktu pamitan, pleng les teu beja teu carita. Sanggeusna
si jajaka indit, kalakuan Sari aya parobahan, Sakapeung Sari sok huleng jentul
; kadang kala sok hahariringan; meureunan bapana ( Ki Sarlita ) bingungeun
nempo kalakuan anakna; terus we Sari rek dijodokeun ka anak sudagar sobat ki
Sarlita; Sari teu narima; malah keuheul; nu antukna kakaburan; ari tekadna Sari
teh hayang nyusul ka eta jajaka. ( Jalma tea ). Tapi sajeroning  ngobrol kitu; 
sama sakali Sari teu
nyaritakeun soal ngaran eta pamuda mah; Mawar Hideung oge kacirina teu
panasaran; teu sugan hayang nyaho saha2na; lantaran ari di na pikiran Mawar
Hideung mah; ampir kabeh rata2 Lalaki sok ngagunasika ka awewe. 

Sanggeus
ngadenge lalakon Sari; sajongjongan mah Mawar Hideung ngahuleng, ahirna pok we
nyarita:”Sari, memang rata2 mah lalaki teh sok ngahinakeun ka awewe; paribasa
awewe leuwih bodo ti lalaki. Awewe mah euweuh guam; teu daya upaya cenah. Jeung
rupa2 omongan lalaki nu matak pikacuaeun ! Geus ayeuna mah tong mikirkeun
lalaki ! Ayeuna mah kapalang kaluar ti imah; kumaha mun Sari gabung ka Paguron
Walet Hideung; engke mun geus mapan kakara Sari mulang ka kolot Sari.” Mawar
Hideung boga pikiran kitu, lantaran JIWA manehna geus pinuh ku jiwa
kapendekaran; manehna teu ngingetkeun hubungan anak jeung bapa; manehna teu
mikirkeun kumaha susahna nu jadi kolot; lantaran memang dirina oge kapan ti
leuleutik teu apal kanyaah kolot. 

Di na hal
ieu memang Ki Nurustunjung Sangga Prakosa Kacida salahna. 

Sari teu
loba carita, terus we unggeuk satuju. Naon sababna Sari satuju ? Lantaran
kahiji ngarasa hutang budi ka Mawar Hideung; atuh kaduana resep ka na
kasomeahan Mawar Hideung, nu enya2 midulur pisan. Katiluna, mun balik tea mah;
pasualan jadi tambah riweuh jeung era deuih; ah kapalang baseuh mandi we
sakalian; cek na pikirna. Kaopatna manehna nempo kagagahan Mawar Hideung; mun
manehna diajar ka Mawar Hideung; tangtu manehna ge bakal jadi Pendekar nu
dipikasieun ku batur; moal sambarangan diganggu deui. 

Di leuweung
eta Sari ikrar ngangkat GURU ka Mawar Hideung; harita keneh diturunkeun dasar2
Elmu Silat Walet Hideung.HANCA
 

Kirim email ke