Sari dibawa
ka tempat nganjrek Lasmini; terus we dibere pakean anyar nu warna koneng tea;
ti semet harita Sari resep make kostum nu warnana koneng., Sari oge dipapatahan
yen latihan mah nya kudu di leuweung nu kamari; tapi ari latihan konsentrasi
bisa oge di panganjrekan. 


Unggal poe
Sari asup ka eta leuweung; euweuh nu apaleun; da ayana di luar Cirebon; bari
arang kasaba jelema. Barang geus aya sapuluh kalina latihan, kaciri pisan
kamajuan Sari; lantaran memang Sari keyeng hayang diajar Silat; ngingetkeun
hayang nyusul Kang Jalma; jeung ngajaga diri ulah dihina basa ku nu sejen. Tah
ku sabab tekad eta Sari jadi maju pisan. 


Mawar
Hideung atoheun pisan nempo kamajuan Sari; na hatena muji ka na calakanana Sari
jeung tekadna; ahirna Mawar Hideung sadar yen sari bisa mapakan sakabeh
murid2na nu tiheula; lantaran nyata kacerdasan Sari saluhureun eta murid2. 
Sanggeus
aya sabulanna; terus we Sari dibawa ka Paguron Walet Hideung; sina papanggih
jeung nu geus lila jadi murid eta Paguron. Atuh kadatangan Sari ditarima pisan
ku murid2 nu ti heula; lantaran asa nambahan dulur. 


Kabeh murid
Walet Hideung dibere elmu bedog Walet Hideung; tapi ari Sari mah ngaganti
senjatana ku Salendang; lantaran cenah bedog mah asa kejem teuing; nya ti
harita Elmu bedog Sari mah nya ku Salendang tapi dijejelan ku tanaga jero nu
diajarkeun ku Mawar Hideung; malah senjatana leuwih ampuh ti batan bedog. 


Sanggeus aya
taunna; Walet Hideung geus nambahan deui ku murid2 anyar; ayeuna mah eta
Paguron teh murid2na aya ka na tilupuluhna. 

Demi dalaharna, kudu usaha sorangan
, moro jste. Tapi ari beas mah sok aya nu ngirim saminggu sakali; ti lembur, nu
dibayar kontan ku Mawar Hideung. 


Mawar
Hideung di na ngajar murid2na estu soson2; teu pisan pilih kasih; ngan wae ari
ka Sari mah; lantaran memang kacerdasanana oge beda; dibere elmu2 khusus; salah
sahijina elmu kagesitan jeung malengpengkeun senjata rasiah. Tah murid2 sejen
mah can aya nu dibere elmu eta lantaran cenah; can nepi ka dinya 
kamajuanana.HANCA
 

Kirim email ke