Episode ka
63 : Tarung Patutunggalan 

   

Mawar
Hideung ayeuna mah, ngagunakeun elmu hampang raga kaluar ti Gunung Cerme na;
terus nuju ka Wetankeun; samemeh ngidul, manehna nyimpang heula ka lembur Pasir
Jahe; manehna kaget lantaran Imah Ki Rangga geus rata jeung taneuh.
 Wah mungkin
oge ieu Ki Rangga aya nu ngarogahala. 

Manehna
terus asup, alak ilik di urut imahna Ki Rangga; terus neneangan sugan aya
tanda2 ku saha eta imah didurukna, jeung saha nu geus ngamusuh ka Ki Rangga?
Manehna boga tekad rek males pati, ka saha wae nu nyilakakeun eta pamuda nu
boga pribadi sakitu hadena. Aing moal cicingeun; ke mun urusan jeung setan Alas
Kobar tuntas; manehna rek neangan musuhna Ki Rangga. 


Tapi manehna
ge heran, lantaran teu nyaho kumaha lalakonna Ki Rangga; mun tiwas di mana
kuburna ? jeung mun henteu, kamana ki Rangga ayeuna ? Loba oge pertanyaan nu
ngaganggu pikiran Mawar Hideung; tapi manehna sadar, di na waktu harita kudu
konsentrasi ka na tarung jeung setan Alas kobar; teu meunang kaganggu ku hal2
lainna deui, 

Nya terus we Mawar Hideung neruskeun perjalanan ka kidul. 


Waktu
manehna tepi ka Minang Maimbau nu baheula kungsi didatangan, manehna nyimpang
deui ngadon dahar; tapi waktu manehna rek mayar si Uda teu daek nampa;
pajarkeun teh, wah kadatangan ku Mawar Hideung mah sarua jeung narima tamu
agung; jadi RM Minang Maimbau embung nampa bayaran ti Mawar Hideung. Ku sabab
geus biasa kupanarimaan kitu , nya Mawar Hideung indit we ti dinya, sanggeus 
nganuhunkeun ka si
Uda nu boga eta Rumah Makan. 


Barang
manehna kaluar manehna di pegat ku hiji jelema nu mikeun surat; Mawar Hideung
nempo tulisan nu goreng patut, parutat paretot, untung masih bisa dibaca; unina
kieu : 


Eh Mawar
Hideung, sukur sampeyan datang; Kaula nungguan tilu poe ti ayeuna di Alas
Purwo; hayu diditu urang ngadu wewesen; naha sampeyan atawa Kaula nu bakal jadi
jago nomer hiji di Pulo Jawa,  Setan Alas
Kobar. 


Sanggeus
maca eta surat, Mawar Hideung terus we nuju ka alas Purwo; lantaran hayang
nyaho leuweung nu dipake tarung teh, model kumaha? 


Enya we
waktu mariksa ka eta leuweung; eta leuweung Kacida gerotna; tapi Mawar Hideung
nempo aya sela2 leuweung nu siga ngahaja dijieun jalan. Mawar Hideung memangna
tara sieun ku nanaon; terus we abus; beuki ka jero beuki kaciri jalanna lega;
wah tangtu aya nu ngahaja nyieun ieu jajalanan teh; bras we ka hiji tempat nu
lening jeung rada lega; alus keur dipake tarung patutunggalan; sigana Si Setan
Alas Kobar ngahaja geus naratas ieu tempat; pikeun tarung jeung aing. 

Teu loba
mikir deui, geus nyaho mah tempatna tarung, leos wae Mawar Hideung ninggalkeun
eta tempat. 


Mawar
Hideung neangan tempat deukeut pilemburan, supaya ulah susah dahar jeung
inuman; terus sajeroning kitu ngalatih diri; utamana di na hal latihan napas
jeung konsentrasi; bari semedi ningkatkeun kapeka_an di na diri; supaya panon 
jeung
ceuli leuwih awas. Mawar Hideung ngarasa reugreug lantaran jalan getihna Kacida
lancarna; oge jalan napasna bersih teu aya halangan naon2; tanda yen latihanana
salila ieu bener. 


Nya di na
waktuna nu geus ditangtukeun Mawar Hideung gancang ngadatangan tempat tarung di
jero Alas Purwo, kalawan tekad nu kuat yen manehna moal eleh ku Si Setan Alas
Kobar. 


Barang nepi
ka tengah lapangan nu lega… ujug2 Hahahaha … hohoho …; hihihihihi..seuri nu
siga silih tembalan, matak geueumeun matak pikasieuneun…
HANCA
 

Kirim email ke