Wilujeng boboran siam,Di antos hancana bah aa (^_^) Sent from my BlackBerry® smartphone from Sinyal Bagus XL, Nyambung Teruuusss...!
-----Original Message----- From: Abbas Amin <[email protected]> Sender: [email protected] Date: Fri, 24 Aug 2012 08:59:06 To: kisunda<[email protected]>; urangsunda<[email protected]> Reply-To: [email protected] Subject: [kisunda] Cersil Sunda 262 Episode ka 63 : Tarung Patutunggalan Mawar Hideung ayeuna mah, ngagunakeun elmu hampang raga kaluar ti Gunung Cerme na; terus nuju ka Wetankeun; samemeh ngidul, manehna nyimpang heula ka lembur Pasir Jahe; manehna kaget lantaran Imah Ki Rangga geus rata jeung taneuh. Wah mungkin oge ieu Ki Rangga aya nu ngarogahala. Manehna terus asup, alak ilik di urut imahna Ki Rangga; terus neneangan sugan aya tanda2 ku saha eta imah didurukna, jeung saha nu geus ngamusuh ka Ki Rangga? Manehna boga tekad rek males pati, ka saha wae nu nyilakakeun eta pamuda nu boga pribadi sakitu hadena. Aing moal cicingeun; ke mun urusan jeung setan Alas Kobar tuntas; manehna rek neangan musuhna Ki Rangga. Tapi manehna ge heran, lantaran teu nyaho kumaha lalakonna Ki Rangga; mun tiwas di mana kuburna ? jeung mun henteu, kamana ki Rangga ayeuna ? Loba oge pertanyaan nu ngaganggu pikiran Mawar Hideung; tapi manehna sadar, di na waktu harita kudu konsentrasi ka na tarung jeung setan Alas kobar; teu meunang kaganggu ku hal2 lainna deui, Nya terus we Mawar Hideung neruskeun perjalanan ka kidul. Waktu manehna tepi ka Minang Maimbau nu baheula kungsi didatangan, manehna nyimpang deui ngadon dahar; tapi waktu manehna rek mayar si Uda teu daek nampa; pajarkeun teh, wah kadatangan ku Mawar Hideung mah sarua jeung narima tamu agung; jadi RM Minang Maimbau embung nampa bayaran ti Mawar Hideung. Ku sabab geus biasa kupanarimaan kitu , nya Mawar Hideung indit we ti dinya, sanggeus nganuhunkeun ka si Uda nu boga eta Rumah Makan. Barang manehna kaluar manehna di pegat ku hiji jelema nu mikeun surat; Mawar Hideung nempo tulisan nu goreng patut, parutat paretot, untung masih bisa dibaca; unina kieu : Eh Mawar Hideung, sukur sampeyan datang; Kaula nungguan tilu poe ti ayeuna di Alas Purwo; hayu diditu urang ngadu wewesen; naha sampeyan atawa Kaula nu bakal jadi jago nomer hiji di Pulo Jawa, Setan Alas Kobar. Sanggeus maca eta surat, Mawar Hideung terus we nuju ka alas Purwo; lantaran hayang nyaho leuweung nu dipake tarung teh, model kumaha? Enya we waktu mariksa ka eta leuweung; eta leuweung Kacida gerotna; tapi Mawar Hideung nempo aya sela2 leuweung nu siga ngahaja dijieun jalan. Mawar Hideung memangna tara sieun ku nanaon; terus we abus; beuki ka jero beuki kaciri jalanna lega; wah tangtu aya nu ngahaja nyieun ieu jajalanan teh; bras we ka hiji tempat nu lening jeung rada lega; alus keur dipake tarung patutunggalan; sigana Si Setan Alas Kobar ngahaja geus naratas ieu tempat; pikeun tarung jeung aing. Teu loba mikir deui, geus nyaho mah tempatna tarung, leos wae Mawar Hideung ninggalkeun eta tempat. Mawar Hideung neangan tempat deukeut pilemburan, supaya ulah susah dahar jeung inuman; terus sajeroning kitu ngalatih diri; utamana di na hal latihan napas jeung konsentrasi; bari semedi ningkatkeun kapeka_an di na diri; supaya panon jeung ceuli leuwih awas. Mawar Hideung ngarasa reugreug lantaran jalan getihna Kacida lancarna; oge jalan napasna bersih teu aya halangan naon2; tanda yen latihanana salila ieu bener. Nya di na waktuna nu geus ditangtukeun Mawar Hideung gancang ngadatangan tempat tarung di jero Alas Purwo, kalawan tekad nu kuat yen manehna moal eleh ku Si Setan Alas Kobar. Barang nepi ka tengah lapangan nu lega… ujug2 Hahahaha … hohoho …; hihihihihi..seuri nu siga silih tembalan, matak geueumeun matak pikasieuneun… HANCA
