Tapi Mawar
Hideung waspada, yen eta teh tanaga jero nu disalurkeun ka na sora seuri; mun
maanehna kapangaruhan, tangtu can naon2 manehna geus eleh… Mawar Hideung teu
rengrot ku eta sora; manehna ngan ukur nyalurkeun pernapasan we keur ngalawan
supaya teu kapangaruhan. 

Sanggeus
eureun eta sora; teu nyaho ti mana jolna geus ngabedega hareupeun Mawar
Hideung, hiji jelema nu gagah jeung pinuh Wibawa; kumis baplang make baju jeung
calana hideung bari bajuna teu dikancingkeun; atuh kaciri dadana buluan  model 
Bhimasena; manehna merong we ka Mawar
Hideung, naksir kakuatan lahir batin nu bakal jadi lawan manehna. 


Mawar
Hideung, nempo ketakna Si Setan Alas Kobar, rada kaget oge; lantaran teu nyana
manehna bakal panggih jeung jelema nu gerakanana sakitu kesitna; teu kanyahoan
datangna. Hartina eta jelema enya_an JADUG pisan. Setan Alas Kobar, memang lain
Pendekar kacangan. 


Parandene
kitu, Mawar Hideung teu aya pikiran sieun atawa gimir; memang bener2 Mawar
Hideung asli Pendekar, nu boga getih turunan Pendekar; manehna teu aya riuk2
sieum sama sakali; malah kaciri waspada bari jiga nu nangtang. 


“Hahahaha !
teu sangka nu kasohor Mawar Hideung teh masih ngora keneh pisan!” Ku sabab kitu
Kula rek mere jalan ka sampeyan, lantaran nempo umur sampeyan masih ngora
keneh, asa teu pantes Kula ngahina nu leuwih ngora; tah ayeuna Kaula moal
tarung jeung sampeyan; tapi sampeyan ngan ukur kudu nyembah we sakali ! Urang
batal tarung !” 


“Hahahaha!”
ayeuna nu seuri teh Mawar Hideung;”Urang geus paheut jangji rek tarung; urang
oge geus pahareup hareup ayeuna, naha make rek dibatalkeun !? mun enya batal,
sampeyan ayeuna nu kuda menta hampura ka Kaula, kalawan hidmat; jeung tong
wani2 deui nangtang ! Ngarti !” 


Atuh tangtu
we Si setan Alas Kobar, Kacida amarahna, nyata Mawar hideung teu eleh gertak.
Manehna bisa nyekel kahormatan hiji Pendekar sajati ! Sabalikna Si Setan Alas
kobar ayeuna geus kadesek omongan, manehna apal yen Mawar Hideung memang teu
bisa disapirakeun, najan masih ngora keneh ge, pasti enya jadugna, jagona.HANCA
 

Kirim email ke