Kang Minal Aidin Wal Faidin
He..he.. unggal juru baliho, lila-lila loba leho
 

________________________________
 Dari: Ki Hasan <[email protected]>
Kepada: Ki Sunda <[email protected]> 
Cc: Baraya Sunda <[email protected]>; Urang Sunda 
<[email protected]> 
Dikirim: Selasa, 28 Agustus 2012 6:19
Judul: [kisunda] Fiksimini - Mudik ka Nagri Baliho
  

 
   
 
Fikmin #Mudik ka Nagri Baliho#

Eunteup di bandara. Mubus ka lawang kota. Dibagéakeun mangpirang baliho. Baliho 
Bapa Ageung. Baliho Ibu Ageung. Baliho Bapa Alit. Baliho Ibu Alit. Tingséréngéh 
dina trotoar. Tingbélényéh dina péngkolan. Kaharujanan. Kaaribunan. 
Kaparanasan. Kaaranginan. Séor angin kulon, rarambay alakaran. Hiur angin 
kidul, rarenung sarirungan. Séah angin wétan, tarangkalan, darahanan, daraunan. 
Geber angin kalér, karembangan, baruahan, sarikian. Buahna katebak angin. 
Haliber ka leuweung, ka pasir, ka sawah, ka kampung, ka kota, ka komplék, ka 
mal-mal, ka alun-alun, ka pasar-pasar, ka paguron-paguron, ka 
padépokan-padépokan. Sikina jaradi tangkal, tangkal baliho. Ngamangandeuh. 
Leuweung salin rupa, jadi leuweung baliho. Lembur salin jinis, jadi lembur 
baliho. Kota salin rupa, jadi kota baliho. Mangandeuh baliho gareutahan, 
nyarakclakan. Nyeuseup sari tatangkalan. Tatangkalan tingkulapés. Mati pucuk. 
Ngucur ka walungan. Lauk bangkar. Sasatoan maruyung lir
 kaserang tétélo. Nyusup kana sumsum, kana balung, kana uteuk, kana haté. 
Manusa tingkocéak. Kota ngabangkarak. Nu ngari kari baliho. Nagri baliho. 
Manusana baliho, tangkalna baliho, satona baliho.

   
      

Kirim email ke