Aduh Kang Kwari urang lembur henteu ngadamel kue Khas Banten Selatansapertos 
Ranginang,Gipang,Sasagon, Rempeyek,Opak, papais, sareng pasung.  Kwari unggal 
imah kuehna ngaranna araneh sapaerti urang kota bae. Komo kwari geus aya usaha 
retail saperti Alfamart, Indomart jeung sajabina, anu puguh masyarakat kampung 
jadi gagayaeun balanjana kueh instan bae. Lieur kwari hayang manggih kampung 
jiga baheula keur budak. Mandi di walungan anu caina bersih, kwari walungan 
jadi kotor loba runtah.
Kampung kuring anu baheula endah, bersih jeung resik, kwari jadi acak adut. 
Loba pendatang anu ngadon usaha jualan baso, mie ayam, nasi goreng, pecel lele, 
sampe ka warung nasi padang arasup ka lembur kuring. Pasar jadi rujit, runtah 
bru bro unggal juru, saluran cai (drainase) sisi jalan pinuh ku runtah, 
pikumahaeun mun engke usum hujan pastina cai hujan bakal olab kapangpet ku 
runtah. Sisi laut/basisir anu endah, kwari geus jadi pamiceunan runtah ku 
masyarakat, kaambeu bau caduk, bau conge, bau sagala rupa. Geuning kamajuan 
kampung anu baheula hirupna sederhana kwari terkontaminasi ku kahirupan 
materialisme, unggal imah nyeuseuh make mesin cuci, nyangu baheula pake hawu 
kwari make kompor gas jeung sajabana.
Lembur kuring mere kahirupan ka para pendatang, jlug jleg toko-toko ti toko 
pakean, toko material, toko mas, toko elektronik, toko motor (dealer), tapi 
dibalesna lembur jadi kotor henteu katata.
 
Kang, kakaren ngan aya ranginan, rempeyek jeung opak aya keneh.....mun hoyong 
dongkap we ka saung kuring di Jagakarasa.......ulah sieun kopi, susu pasti 
disadiakeun...
 
Salam,
 
   

________________________________
 Dari: Ki Hasan <[email protected]>
Kepada: [email protected] 
Dikirim: Selasa, 28 Agustus 2012 7:44
Judul: Re: [kisunda] Fiksimini - Mudik ka Nagri Baliho
  

 
   
 
Sami-sami Kang Udin wilujeng boboran siam. Masih aya kakaren lebaranna? Sugan 
aya keneh kikiping. Hehehe


2012/8/28 Sp Saprudin <[email protected]>

 
>  
>Kang Minal Aidin Wal Faidin
>He..he.. unggal juru baliho, lila-lila loba leho
>
> 
> Dari: Ki Hasan <[email protected]>
>Kepada: Ki Sunda <[email protected]> 
>Cc: Baraya Sunda <[email protected]>; Urang Sunda 
><[email protected]> 
>Dikirim: Selasa, 28 Agustus 2012 6:19
>Judul: [kisunda] Fiksimini - Mudik ka Nagri Baliho
> 
>
>
>  
>Fikmin #Mudik ka Nagri Baliho#
>
>Eunteup di bandara. Mubus ka lawang kota. Dibagéakeun mangpirang baliho. 
>Baliho Bapa Ageung. Baliho Ibu Ageung. Baliho Bapa Alit. Baliho Ibu Alit. 
>Tingséréngéh dina trotoar. Tingbélényéh dina péngkolan. Kaharujanan. 
>Kaaribunan. Kaparanasan. Kaaranginan. Séor angin kulon, rarambay alakaran. 
>Hiur angin kidul, rarenung sarirungan. Séah angin wétan, tarangkalan, 
>darahanan, daraunan. Geber angin kalér, karembangan, baruahan, sarikian. 
>Buahna katebak angin. Haliber ka leuweung, ka pasir, ka sawah, ka kampung, ka 
>kota, ka komplék, ka mal-mal, ka alun-alun, ka pasar-pasar, ka 
>paguron-paguron, ka padépokan-padépokan. Sikina jaradi tangkal, tangkal 
>baliho. Ngamangandeuh. Leuweung salin rupa, jadi leuweung baliho. Lembur salin 
>jinis, jadi lembur baliho. Kota salin rupa, jadi kota baliho. Mangandeuh 
>baliho gareutahan, nyarakclakan. Nyeuseup sari tatangkalan. Tatangkalan 
>tingkulapés. Mati pucuk. Ngucur
 ka walungan. Lauk bangkar. Sasatoan maruyung lir kaserang tétélo. Nyusup kana 
sumsum, kana balung, kana uteuk, kana haté. Manusa tingkocéak. Kota 
ngabangkarak. Nu ngari kari baliho. Nagri baliho. Manusana baliho, tangkalna 
baliho, satona baliho.
>
>   
>
>      
  
      

Kirim email ke