Mawar Hideung waspada , eta jurus muka jalan tapi mun manehna nyerang ngasupan, kahiji can puguh hasil; kaduana engke bakal keuna ku jurus capit ti Setan Alas Kobar. Lantaran jurus nu kitu pasti diteruskeun ku jurus nu ngajepit lawan; nu bakal motongkeun leungeun lawan. Nya Mawar Hideung ge gancang ngarubah kuda2 jeung jurus; ayeuna manehna ngabalicet ka kenca; bari nempo reaksi musuh. Setan Alas Kobar ngarti, yen si Mawar Hideung ge keur make jurus pancingan, mun diasupan mungkin malah jadi rugi; langsung Si Setan Alas Kobar ngagilek ka katuhu; bari panon jeung ceuli awas ka na gerakna Mawar Hideung. Dua2nana sarua Kacida ati2na, sabab waspada bisi jurusna pancingan wungkul; tapi ku sabab duanana ati2 pisan jeung waspada; can aya patukeur tonjokan sakali oge; tapi balucat balicetna jurus, geus nembongkeun yen memang duanana ahli pisan di na elmu kanuraganana. Duanana oge can nembongkeun kakesitanana, ieu mah kakara diadu jurus; tapi mun salah tincak jeung lengkah; weu lain sisiwo, langsung bakal rugi gede! Nu matak si setan Alas Kobar ari tarung tara eleh, malah ngelehkeun lawanna ku sajurus dua jurus wungkul ! lantaran naon ? Ku kuda2 bae, geus bisa naksir2 sabaraha kakuatan lawan. Ieu teu sambarangan pendekar boga wawasan saperti kitu.HANCA
