Setan Alas
Kobar meunang pangalaman, jeung memang elmuna oge hese dilacakna. Ari Mawar
Hideung, ngandelkeun Elmu Silatna nu
memang kelas Hiji; ngan eleh pangalaman. Jadina duanana estu satanding; duanana
hese mangaruhan lawan. Enyaan duanana ayeuna mah manggih lawan satanding.
Dina gerakan
mimiti ieu, duanana kakara naksir, sabaraha kakuatan lawan; kakesitan jeung
tanaga can kaciri; duanana masih nyumputkeun wewesen sajatina. Tapi di na gerak
maju jeung mundur eta, duanana hese nangtukeun kakuatan lawan; sabab jurus2
kuda2 nu dikaluarkeun sarua pinuh ku taktik jeung strategi nu tanggoh; bener2
samodel maen catur. Nu gagabah ngasupan, bisa jadi meunang karugian; jadi tiap
lengkah
jeung kuda2 dipikirkeun pisan.
Duanana
ngarasa ayeuna mah beurat nyanghareupan lawan model kitu; Setan Alas Kobar muji
na hatena yen ieu lawanna nya eta si Mawar Hideung, najan ngora keneh pisan,
tapi wawasan Ilmu Silatna geus bisa mapakan nu geus loba pangalamanana; jadi
memang teu bisa dielehkeun ku lengkah jeung jurus wungkul; kudu dicoba
kakesitan jeung tanaga jerona.
Bari maju
lalaunan Setan alas kobar nyieun hiji gerakan, nu diharepkeun si Mawar Hideung,
teu apal kamana leosna; lantaran ayeuna manehna geus nekad rek ti heula
ngasupan; bari ngaharep mudah2an hasil. Si Setan Alas Kobar teu yakin, yen eta
jurus bakal mangaruhan Mawar Hideung; tapi sahenteuna manehna bakal nyaho
jero2na kakuatan Mawar Hideung. Mun gagal tea mah, manehna oge geus sayaga keur
lolosna. Ti batan ngan ukur silih intip neangan balangah lawan, bari teu jol
wae kapanggih balangahna. Iraha deui nyoba mun teu ayeuna.
Kitu pikiran
si Setan alas Kobar waktu harita, dimana Mawar Hideung ge saenyana mah geus
ampir beak kasabaranana; tapi barang manehna rek nyoba ngasupan, kaciri si
Setan alas Kobar nyieun hiji gerakan sukuna ditarik saeuti katukang; ieu tanda
manehna bakal asup; nya Mawar Hideung gancang sadia. Enya we teu kungsi lila ….
Heaaat ! Si
Setan Alas Kobar miheulaan nyerang ku hiji tonjokan , nu dituju beungeut Mawar
Hideung. Gerakanana Kacida kesitna, tapi kaciri teu ngaleupaskeun tanaga nu
gede teuing; eta hartina si setan Alas Kobar masih ati2 di na ngaluarkeun
tanagana. Rupana teu yakin hasil; jadi jaga2 mun gagal, masih bisa ngeles.HANCA