Mawar Hideung rada gegetun oge mikirkeun hal ieu teh; ku sabab manehna embung nempo eta tarung nu sakitu hebaatna ditutup ku sabab Setan Alas Kobar saperti dikoroyok. Ah rek ditanyakeun ka Nini Anti iraha2 mah. Kitu tekad Mawar Hideung waktu harita. Geus kitu mah leos wae Mawar Hideung kaluar ti Alas Purwo mani ngabelesat. Episode 64 : Mawar Hideung Ka Pasir Jahe Ayeuna Mawar Hideung rek nuntaskeun kapansaranana di na masalah ngilesna ki Rangga jeung ledisna harta bandana. Mawar Hideung nyaho yen nu boga pokal megatan Ki Rangga waktu mawa Lasmini ka Cirebon teh, taya lian ti Ki Jagur jeung balad2na. Nu matak biur we Mawar Hideung ka Markasna Ki Jagur. Mawar Hideung langsung ngadatangan Markas Ki Jagur bari ngaluarkeun elmu hampang ragana ; barang nempo imahna terus Mawar Hideung ngulincer ngintip heula kumaha kaayaan si Jagur. Kaciri si Jagur jeung sababaraha hiji anak buahna keur maraen ; keur ngadu atawa judi. Aya nu maen cekian; aya nu maen mahyong; aya oge nu maen domino jeung maen dadu; kabehanana kaciri keur saruka seuri; ting cakakak. Barang maranehna keur jongjon senang2; teu kanyahoan beleyer we aya bandera leutik norobos terus nancep ditengah tengah eta gempungan; atuh barang nempo eta bandera…… langsung eta pesta teh bubar; rupa2 polah jelema2 di dinya waktu harita aya nu brek deku terus ampun2an tapi aya oge nu rek kabur ninggal keun tempat eta. Tapi nu rek kabur mah ngan sakilat geus patulayah ting jarungkel keuna ku senjata rasiah Mawar Hideung. Ahirna sesana ngan careurik we bari ngageduk gedukkeun sirahna; lantaran tarungna si setan Alas Kobar jeung Mawar Hideung geus sumebar; nu ahirna Setan Alas Kobar tiwas. Atuh enyaan ayeuna mah para oah2 satanah Jawa sieuneun pisan alah batan nempo Ririwa; kakara ngadenge disebut ngaran Mawar Hideung; maranehna geus kabur pangacian. Komo ayeuna aya hareupeun pisan. Atuh tangtu wae kabeh ge mani ngaharodhod nirisan; nu wer2 kiih ge teu heran di na waktu harita mah. Padahal Mawar Hideung can nembongan kakara nunjukkeun yen sing saha nu wani kabur; bakal cilaka. “Eh arilaing sakabeh lamun ayeuna ku aing diparentah neukteuk buuk naha bakal dilakukeun ? atawa milih tarung ti batan nurut !?”. Can ge tuntas Mawar Hideung parentahna; eta para Oah jeung kambratna papada neukteukan buuk maranehna sorangan. “Hahahaha ! geus tong dituntaskeumn geus we sapotong kitu ! Tah ayeuna kerok halis maraneh sabeulah !” “ampuun … ampuun … Mawar Hideung; naon atuh kasalahan Kaula sarerea ka andika ? naha andika bet ngakaya Kaula saperti kieu !?” Barang jep jempe nu ngaromong; luncat ti luhur suhunan hiji sosok nu make baju warna Ungu; sarerea teu kasamaran yen eta nu datang teh nya eta awewe kampung “Lasmini” tea; sarerea jadi sadar yen memang kahawatiran si Jagur basa harita; bener pisan. Eta awewe kampung teh sajatinaa Mawar Hideung. Maranehna ngan ukur bati kukurayeun, malah aya nu ngadadak kalenger teu inget naon2 deui; ari si Jagur wer wer kiih; ti na ku sieun2 na; maranehna ayeuna rumasa yen ayeuna bakal puput umur; maranehna euweuh nu mikir rek ngayakeun perlawanan; sabab euweuh guna na; malah mungkin bakal ngajadikeun amarahna si Mawar Hideung; nu bakal nyiksa kabehanana; nya euweuh jalan lain salian ti pasrah. “Jagur !” ngan ukur sakecap eta, Mawar Hideung nyarita; si Jagur brek wae bari ngadegdeg nyembah2 ka Mawaar Hideung/Lasmini :”Duuuuh … Mawar Hideung .. Kuring rumasa geus ngalakukeun kasalahan ka sampeyan… ayeuna kuring kakara sadar.. emh mudah2an sampeyan daek mere hampura ka kuring …”; da kuring teu nyaho yen awewe urang lembur teh, nyatana sampeyan.” Plak! Hiji jejekan keuna pisan kana tapakna si Jagur nepi ka peperengkelan; ampir2 les2 teu inget ku nyeri2na; sigana tapak si Jagur geus ancur waktu harita; anak buahna hiji deui bluk deui rubuh kapaehan deui; ku sieun2na.Hanca
