Mawar Hideung/Lasmini pok nyarita tatag pisan :”Saha2 nu nyaho ka na kajadian nu kaalaman ku Ki Rangga jeung imahna; bari jeung nerangkeun sagalana sacara jujur pasti salamet … tapi mun nyoba2 sumput salindung, kabeh nu aya didieu bakal diduruk ku Kaula jeung imah nu ieu ! hayoh gura giru geura nyarita !” Si jagur ngadenge omongan Mawaar Hideung teu sirikna surak ku bungah2na, ngadenge carita Mawar Hideung saperti kitu; hartina manehna bakal salamet ti na kaancuran; gancang wae nyarita:”Kuring nyaho … sabab2na … !” Mawar Hideung heran , teu sangka ieu nu boga dosa bakal gancang2 ngaku; terus wae Mawar Hideung/Lasmini nyentak:”Sok siah geura nyarita… hayang nyaho kumaha ilaing bisa nyilakeun Ki Rangga.” “Oh teu pisan2 kuring wani ngalawan Ki Rangga; manehna oge jadug; masing masih jauh jeung sampean mah Mawar Hideung. Tapi nu nyilakeun Ki Rangga, lain kuring !” cek si Jagur rada teger. “Hah ! tong bohong sampeyan ! Buktina waktu aing indit harita , dianteur ku Ki Rangga; maneh pan nu mayar Si Sanca Manuk supaya megat Ki Rangga !? Hayo ngaku ! awas … siah !” “Ke .. ke heula anan Mawar Hideung … bere kuring kasempetan nyarita saujratna … bere kasempetan kuring nyarita sacerewelena… “ Manehna kacida sieuneunana, sabab kaciri Mawar Hideung rek nyejek deui ; ku omongan kitu, Mawar Hideung teu jadi ngajejekna terus bari molotot, nyentak deui :”Sok atuh sia nyarita ! Awas mun jijieunan digantung sia ku aing !” “Samemehna memang kuring nu boga salah; lantaran geus nitah si Sanca Manuk megat Ki Rangga jeung sampeyan …; nyata si Sanca Manuk geus gagal … lantaran Mawar Hideung pipilueun …; nya pastina ge sampeyan nu nyamar jadi awewe kampung geus ngusir eta si Sanca Manuk …..” Plak ! Aduh! Sirah si Jagur di jeplak, mani lenglengan ….. “Sok teruskeun nu bener … aing geus nyaho carita nepi ka dinya mah ….” Cek Mawar Hideung sesentak. “Duh … ieu teh nu sabenerna … nu matak kuring ngaku ge … cek Si Jagur bari jiga nu rek hing2 ceurik. “Sok gancang atuh tuluykeun !” Cek Mawar Hideung bari molotot; tapi kaciri rada rumasa salah. “Tah sanggeusna kuring nyaho yen si sanca manuk gagal; kuring sabalad balad sadar yen kalakuaan kuring geus kanyahoan ku Ki Ranggaa; kuring rek menta dame jeung moal deui2 ngalakukeun hal saperti kitu. Kuring oge mawa duit 100 Gulden tanda kuring ngarasa jeung rumasa salah. Tapi barang kuring ngadatangan eta tempat; kaciri aya pertempuran nu rame pisan … “ “Hah !” Mawar Hideung Kacida kagetna … tapi geus kitu repeh deui, mere kasempetan si Jagur neruskeun caritana. “Kuring sarerea nyumput di sisi leuweung nempokeun ti kajauhan eta kajadian; kuring teu wani datang deukeut2 sieun kabarerang; Ki Rangga kaciri ti Kajauhan keur ngubat ngabitkeun pecutna; ngamuk ka nu ngepung; musuhna loba nu geus ting jarungkel; tapi nu ngepung teu daek areureun; imah ki Rangga diduruk terus karetana dikaluarkeun; terus we eta kareta dibawa kabur; nu ngepung ge milu malundur. Sabalikna Ki Rangga teu eureun kitu bae terus nuturkeun eta nu mawa kabur karetana.” “Hemh … rada asup akal eta carita ilaing teh …” Cek Mawar Hideung nu geus rada sabar ayeuna nah. Terus Mawar Hideung neruskeun omonganana :”Cing sebutkeun golongan mana eta nu nyerang ka Ki Rangga teh ? jeung naon sabab2na ?” “Sigana mah eta Ki Rangga teh boga musuh di Madiun ; nu matak pindah ka ieu tempat; sabab2 nu pasti kuring teu apal; tapi sigana marebutkeun eta kareta; teu nyaho aya naon rasiahna eta kareta nepi ka diparebutkeun, ari golongan nu ngepung sigana mah Singa Barong; ti tutugan Gunung Bromo; da simbulna mawa bandera seuneu.” “Singa Barong !? kumpulan naon deui eta !?” “Singa Barong teh kumpulan nu masih ngagem agama Hindu ; di tutugan Gunung bromo; saenyanaa mah geus lila tara kadenge; da maranehna mah embung pipilueun deui ka na urusan naon2 di ieu Tanah Jawa; tapi duka kumaha eta kumpulan geus datang ngarurug ka Ki Rangga , kuring lebeng teu nyaho pasal jeung alatanana !” Sajongjongan mah Mawar Hideung ngahuleng lantaran asa rada cangcaya ka na carita si Jagur; tapi memang kabeh asup akal; jeungna deui Ki Rangga moal eleh kitu wae nyanghareupan oah samodel si jagur. Hanca
