Tapi barang
rek diresmikeun ieu pangangkatan murid anyar. Model dibaiat, jol teh Nini Anti
bari seuri anu has tea; menta Nyi Epon supaya dipasrahkeun; lantaran cenah eta
mah geus boga dadasar Ilmu Silat ti Nini Anti. 


Atuh Mawar
Hideung teh asa aya jalan komo meuntas; asa mobok manggih gorowong; ti na
sakitu lilana manehna hayang panggih jeung Nini Anti aya tanyakeuneun; ayeuna
aya hareupeun bari seuri nu has tea; bari peupeuleukeuk menta Nyi Epon; atuh
Mawar Hideung langsung we nolak, bari satengah nyentak :”Eh Ibu ! kamana wae ?
Kuring hayang panggih jeung ibu ? ditungguan di lembur nepi ka tilu poe teu
embol2, ka mana wae atuh?” 


“Hihihihi !
tong loba carita ! sok kadieukeun eta Nyi Epon …!” 


Murid2 Walet
Hideung teu waranieun pipilueun, da kapan Walet Hideung oge guruna nyebutna
IBU. Jadi caricing we di tukang. 


Mawar
Hideung kaciri siga beurat mikir; tapi terus we nyarita:”Ke ibu, ari ibu teh ti
iraha apal yen kuring mawa ieu dua budak awewe ?” 


Nini Anti
kaciri rada keuheuleun, terus seuri mani pikasieuneun 

:”Hehehehehe; yeuh Mawar
Hideung tong sok cucungah maneh; kapan maneh teh anak; naha kahayang indung
kitu2 wae teu nurut… hah !?” 


Mawar
Hideung hayang apal oge saha sabenerna Eta Nini Anti teh ; teu kanyahoan Mawar
Hideung nyerang ngan sakilat ku jurus Walet nyamber lauk; tapi bari seuseurian
Nini anti nyingcet ti na tilu serangan Walet Hideung. Lantaran serangan Walet 
Hideung
teh lain ngan ukur sajalan tapi aya tilu jalan; mun gagal nu hiji bakal disusul
ku nu kadua jeung katilu; tapi sakabehna dilawan ku Nini Anti mani gampang
pisan. 


Ku ayana eta
kagagalan, teg we Mawar Hideung ka hiji sosok pendekar; tapi ku sabab can yakin
nya manehna terus ngagencer ku serangan2 nu araneh jeung kilat supaya Nini Anti
ngaluarkeun Elmu andelanana; tapi satiap lengkah jeung jurus Mawar Hideung geus
kabaca ku Nini Anti; malah siga nu ngajak ulin. 


Ahirna Mawar
Hideung yakin saha eta Nini Anti teh; terus we nyerang hebat pisan; nu
dilayanan ku Nini anti; tapi barang keur nyerang kitu gebluk teh Mawar Hideung
ngajengkang; mani ngagebluk sorana; dibarengan ku sora aduh ! Mawar Hideung
kapaehan. 


Para Murid
Walet Hideung karaget; tapi nu leuwih kaget Nini Anti; lantaran eta ngageblukna
Mawar Hideung lain bobodoan atawa api2; estu enyaan ngagebluk mani tarik;
gancang wae Nini anti muru ….  Bari siga
nu bingung jeung rawah riwih.HANCA
 

Kirim email ke