Sanggeus
ngahuleng sakeudeung, pok we Mawar Hideung nyarita :”Masalah maneh ayeuna keun
we ku kula dianggap tuntas, nepi ka dieu; anggap we siksaan ti Kula ka sampeyan
eta paringetan; engke deui ulah gana2 paksa pirusa ka saha wae; utamana ka nu
lemah; model awewe kampung … ngarti !?” 

Sarerea
getihan deui atuh gancang wae pa ting corowok diestokeun pisan … diestokeun
pisan … ! 

Maranehna
duka nepi ka iraha cocorowokan kitu teh … barang geus lila maranehna sadar yen
Mawar Hideung geus ngiles ngan sakilat ; bari teu katenjo kumaha gerakna. 

   

   

Episode 65 :
Ngamajukeun Walet Hideung 

   

Mawar
hideung indit ka saungna Nini Anti lantaran aya tanyakeuneun; tapi di ditu
suwung; ditungguan aya ka na 3 poena sugan balik; weleh teu hol wae; nya ahirna
Mawar Hideung mutuskan bakal balik heula ka kumpulan Walet Hideung bisi
murid2na deudeupeun; ditinggalkeun geus lila teuing. 

Teu kacatur
di jalanna; nepi we ka tutugan Gunung Cereme. Atuh eta para murid teh raribut
aratoheun pisan; harita keneh kaprak keprek marasak nyambut guruna nu Kacida
dipisono ku sakabeh murid perguruan.  

Rea murid nu
ceurik bungah; lantaran memang ka guru teh maranehna deukeut alah batan ka
kolot sorangan. 

Bari saribuk
maranehna naranya kumaha eta adu jajaten teh; da pasti guruna maranehna nya eta
Mawar Hideung nu meunang , matak balik beleger ge. 

“Wah
ampir2an Kula puput umur … “ cek Mawar Hideung jujur. “Keun ke peuting urang
ngariung deui bakal ngadongeng panjang.” 

   

Nya ti semet
harita mah, Mawar Hideung loba ccicing kumpul jeung para muridna; pikeun
ngamajukeun Paguron Walet Hideung; ayeuna ge sautak saeutik Paguron Walet
Hideung geus aya kasebutna di dunya persilatan; di dunya kapandekaran; murid2
Walet Hideung mimiti boga ngaran; mimiti sok tutulung ka nu butuh ; tatalang ka
nu susah. 

Ayeuna mah
rata2 murid Walet Hideung utamana Sari , elmuna geus bisa diandelkeun; geus
bisa mapan; Mawar Hideung ge ayeuna mah teu pati susah teuing; mun ninggalkeun
paguron rada lila. 

Na hiji
mangsa Mawar Hideung mawa dua awewe; nu cenah diculik ku Rajawali Bodas
Kuningan; ngaranna Nyi Ipah jeung Nyi Epon; duanana diwawuhkeun ku Mawar
Hideung ka sakabeh murid2 sejenna; terus ti harita diangkat resmi jadi murid
anyar Paguron Walet Hideung.
HANCA
 

Kirim email ke