ke ke ke bah, geuning lalampahan nyi epon teu kacaritakeun deui. Jalan carita 
paamprokna nyi Sari jeung Mawar Hideung oge rada beda. Mun teu poho, mawar 
hideung teh mawa dua awewe nyaeta nyi sari jeung nyi epon pas keur maranehna 
diculik tea....Punten ieu mah, uing mun panasaran wae ka nasibna nyi Epon anu 
kasengsem ka si Jalma oge hehehehe.....
Si aliy

--- On Fri, 8/24/12, Abbas Amin <[email protected]> wrote:

From: Abbas Amin <[email protected]>
Subject: [kisunda] Cersil Sunda 261
To: "kisunda" <[email protected]>, "urangsunda" 
<[email protected]>
Date: Friday, August 24, 2012, 6:04 AM
















 



  


    
      
      
      


Di na hiji
mangsa Mawar Hideung manggil eta sakabeh murid kumpul; murid2 loba nu
hareugeueun, lantaran tara2 ti sasari Mawar Hideung nyieun hiji gempungan;
meureun aya hiji hal penting nu rek ditepikeun. 


Masing  enya ge Mawar Hideung  diaranggap lanceuk ku sakabeh murid; lantaran
kasomeahan jeung kanyaah Mawar Hideung kaciri pisan ka sakabeh murid2; nepi ka
murid2 sakabehna cek paribasana daek korban nyawa melaan Mawar Hideung; tapi
ari geus srog patemon di hal resmi mah kaciri pisan Wibawana Mawar Hideung
sabage guru;   jadi murid2 oge kaciri
sigep ngabandungan naon2 nu diomongkeun ku Mawar Hideung. 


“Para murid
Walet Hideung,” Mawar Hideung ngamimitian pidatona; “Sakeudeung deui Kuring rek
ninggalkeun ieu paguron ……..” kakara ge sakitu Mawar Hideung nyarita; rareang
murid2 nyorowok komentar :” Aaaah … bade angkat ka mana atuh guru !? naha bet
ngantunkeun ieu paguron ?! sabaraha lami ngantunkeunana !?” 


Mawar
Hideung ngangkat leungeun , jep murid2 jarempe. 

“Kapan
biasana Kula tara cicing wae di ieu Paguron lain ? biasa Kula indit ka mana2;
malah kadang2 mulan malen.” 


“Tapi Guru
can pernah ngumpulkeun kuring sakabeh di na hiji gempungan; jadi kuring sadaya
salian ti heran oge hariwang …” 


Mawar
Hideung:”Kaula biasana tara pesen naon2 ka sampeyan sakabeh; tah na perjalanan
ayeuna; Kaula memang tetep yakin ka na kamampuan Kula sorangan; tapi lawan nu
bakal disanghareupan ku Kaula di na waktu ieu; lain sisiwo; tapi Jago Tanah
Jawi waktu ieu. Nya eta si setan Alas Kobar ! Kaula meunang panangtang ti
manehna ! jadi daek teu daek Kaula kudu tarung jeung manehna. Inditna Kaula
waktu ieu, can tangtu bisa balik; mungkin oge Kula engke puput umur; tapi Kula
yakin Kula bisa nandingan eta Si Setan Alas Kobar ! Ngan wae Kaula kudu
nyiapkeun diri; salah sahijina konsentrasi pinuh pikeun ieu tarung !”    


  Can naon2 loba murid nu nyakclakan cimata;
tapi disentak ku Mawar Hideung :”Tong cengeng ! tah ieu nu matak ngagentarkeun
hate Kula !” Kumaha Kula yakin, lamun murid2 Kula cengeng saperti kitu !” 

“Tah ayeuna
samemeh Kula indit kula bakal nitipkeun ieu Paguron ka sampeyan sakabeh. Jaga
sing bener; kabeh sing junun neruskeun latihan; keur gaganti Kula; ayeuna Kaula
masrahkeun kapamimpinan ka SARI ! Sok ngacung bisi aya nu teu satuju !” 


Taya hiji ge
nu teu satuju; lantaran kabehanana oge ngaku, yen ayeuna mah nu panghebatna
diantara murid2 Mawar Hideung, taya lian ti Sari; jeung Sari memang rajin pisan
di na latihan jeung sok rajeun mapatahan murid2 sejenna. Sari oge ngajar Basa
Sunda Priangan nu someah jeung handap asor.  

Loba murid2
Walet Hideung nu nawarkeun diri, hayang ngabelaan ka guruna nya eta Mawar
Hideung; tapi kabeh ge ditolak lantaran ieu mah cenah lain peperangan; tapi adu
jago; ngadu wewesen; Paguron Walet Hideung teu kababawa; estuning Mawar Hideung
ngalawanan Si Setan Alas Kobar we sorangan pada sorangan. 


Nya sanggeus
gilig mah, Mawar Hideung ninggalkeun Paguron, terus we nuju ka wetankeun. 

   

  HANCA 



    
     

    
    






  








Kirim email ke