Langkung paos; aos deui sing taliti ... manggaa atanapi taroskeun ka kang Narayana
--- In [email protected], Aliyudin Sofyan <aliyudinsofyan@...> wrote: > > ke ke ke bah, geuning lalampahan nyi epon teu kacaritakeun deui. Jalan carita > paamprokna nyi Sari jeung Mawar Hideung oge rada beda. Mun teu poho, mawar > hideung teh mawa dua awewe nyaeta nyi sari jeung nyi epon pas keur maranehna > diculik tea....Punten ieu mah, uing mun panasaran wae ka nasibna nyi Epon anu > kasengsem ka si Jalma oge hehehehe..... > Si aliy > > --- On Fri, 8/24/12, Abbas Amin <abas_amin08@...> wrote: > > From: Abbas Amin <abas_amin08@...> > Subject: [kisunda] Cersil Sunda 261 > To: "kisunda" <[email protected]>, "urangsunda" > <[email protected]> > Date: Friday, August 24, 2012, 6:04 AM > > > > > > > > > > > > > > > > >  > > > > > > > > > > > > > Di na hiji > mangsa Mawar Hideung manggil eta sakabeh murid kumpul; murid2 loba nu > hareugeueun, lantaran tara2 ti sasari Mawar Hideung nyieun hiji gempungan; > meureun aya hiji hal penting nu rek ditepikeun. > > > Masing enya ge Mawar Hideung diaranggap lanceuk ku sakabeh murid; lantaran > kasomeahan jeung kanyaah Mawar Hideung kaciri pisan ka sakabeh murid2; nepi ka > murid2 sakabehna cek paribasana daek korban nyawa melaan Mawar Hideung; tapi > ari geus srog patemon di hal resmi mah kaciri pisan Wibawana Mawar Hideung > sabage guru;  jadi murid2 oge kaciri > sigep ngabandungan naon2 nu diomongkeun ku Mawar Hideung. > > > âPara murid > Walet Hideung,â Mawar Hideung ngamimitian pidatona; âSakeudeung deui > Kuring rek > ninggalkeun ieu paguron â¦â¦..â kakara ge sakitu Mawar Hideung nyarita; > rareang > murid2 nyorowok komentar :â Aaaah ⦠bade angkat ka mana atuh guru !? naha > bet > ngantunkeun ieu paguron ?! sabaraha lami ngantunkeunana !?â > > > Mawar > Hideung ngangkat leungeun , jep murid2 jarempe. > > âKapan > biasana Kula tara cicing wae di ieu Paguron lain ? biasa Kula indit ka mana2; > malah kadang2 mulan malen.â > > > âTapi Guru > can pernah ngumpulkeun kuring sakabeh di na hiji gempungan; jadi kuring sadaya > salian ti heran oge hariwang â¦â > > > Mawar > Hideung:âKaula biasana tara pesen naon2 ka sampeyan sakabeh; tah na > perjalanan > ayeuna; Kaula memang tetep yakin ka na kamampuan Kula sorangan; tapi lawan nu > bakal disanghareupan ku Kaula di na waktu ieu; lain sisiwo; tapi Jago Tanah > Jawi waktu ieu. Nya eta si setan Alas Kobar ! Kaula meunang panangtang ti > manehna ! jadi daek teu daek Kaula kudu tarung jeung manehna. Inditna Kaula > waktu ieu, can tangtu bisa balik; mungkin oge Kula engke puput umur; tapi Kula > yakin Kula bisa nandingan eta Si Setan Alas Kobar ! Ngan wae Kaula kudu > nyiapkeun diri; salah sahijina konsentrasi pinuh pikeun ieu tarung !â  > > >  Can naon2 loba murid nu nyakclakan cimata; > tapi disentak ku Mawar Hideung :âTong cengeng ! tah ieu nu matak > ngagentarkeun > hate Kula !â Kumaha Kula yakin, lamun murid2 Kula cengeng saperti kitu !â > > âTah ayeuna > samemeh Kula indit kula bakal nitipkeun ieu Paguron ka sampeyan sakabeh. Jaga > sing bener; kabeh sing junun neruskeun latihan; keur gaganti Kula; ayeuna > Kaula > masrahkeun kapamimpinan ka SARI ! Sok ngacung bisi aya nu teu satuju !â > > > Taya hiji ge > nu teu satuju; lantaran kabehanana oge ngaku, yen ayeuna mah nu panghebatna > diantara murid2 Mawar Hideung, taya lian ti Sari; jeung Sari memang rajin > pisan > di na latihan jeung sok rajeun mapatahan murid2 sejenna. Sari oge ngajar Basa > Sunda Priangan nu someah jeung handap asor. > > Loba murid2 > Walet Hideung nu nawarkeun diri, hayang ngabelaan ka guruna nya eta Mawar > Hideung; tapi kabeh ge ditolak lantaran ieu mah cenah lain peperangan; tapi > adu > jago; ngadu wewesen; Paguron Walet Hideung teu kababawa; estuning Mawar > Hideung > ngalawanan Si Setan Alas Kobar we sorangan pada sorangan. > > > Nya sanggeus > gilig mah, Mawar Hideung ninggalkeun Paguron, terus we nuju ka wetankeun. > >  > >  HANCA > ------------------------------------ Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ <*> Your email settings: Individual Email | Traditional <*> To change settings online go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join (Yahoo! ID required) <*> To change settings via email: [email protected] [email protected] <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [email protected] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
