Fikmin #Nyuluran#
Basa Ceu Wati pupulih rék dines saminggu ka Batawi, Kang Husén ukur unggeuk, satuju. Ceuk pikirna, "Ukur ngurus imah jeung anak hiji ieuh." "Kang, omat urus budak nya! Tuh bekel sakolana tos diamplopan! Dina kulkas aya sasadiaan saminggueun!" "Okéh, bérés!" Pokna, nguntup naker. Poé kahiji, balik jajap ka bandara, budak diajak nongton. Balik jalan-jalan, pakpikpek nyiapkeun makan malam. Cetrék ngahirupan pangejoan. Deker manaskeun pésmol Guramé dina aseupan Tuperware. TV ngagembrung. Sabot mencrong komputer, pelengseng hangit palastik kabeuleum. Liang irungna rubah-rebéh nyengir kuda. Ngangseu datangna hangit. Rét kana panyeupanan! Aseupan Tuperware lééh. Léngkét kana alas panci teflon. Piring beling nyelap kacepét lééhan aseupan. Poé kadua, isolasi panci pamanggangan Happy-Call ancur. Poé katilu, bak lébér, kamar mandi banjir. Poé kaopat, mesin cuci mudal, dapur kabanjiran. Poé kalima, sebrot murakeun cikopi, gula bodas patukeur jeung uyah. Poé kagenep, beuleum nila dirontok ucing. Poé katujuh, istrikaan ngebul, alasna geheng, haseupna ngelun. Ruhay. Ger kahuruan.
