---------- Forwarded message ----------
From: <[email protected]>
Date: 2012/9/4
Subject: Re: [Urang Sunda] Fiksimini - Nyuluran
To: [email protected]


**


** Kocap carita, Uje anu geus alih jinis jadi awewe tea, beuteungna
mendeyang. Tos bulan alaeun yeuh!

"Ah, bisa keneh ngaladenan salaki," cenah bari der nyalon, indit ka salon,
dilulur, dispa, digeulis camperenik weh.

Barang balik ka imah, si Nyai anakna anu cikal, ujug ngadat. "Nyai hayang
miluan Pildacil!"

Kituna teh bari beberengkes, ngasupkeun bajuna kana rangsel loreng,
titinggal akina anu tos dikurebkeun di TMP Bahagia.

Lain di TMP Cikutra da maotna oge alatan katabrak salak sakontaener.
Mireng anak anu dipikanyaah tega rek indit ka Batawi sosoranganan kitu,
puguh we Uje henteu ngidinan.

"Milu we atuh, Ema," ceuk si Nyai, sura seuri kakara nyadar boga bapa, aeh,
indung lumayan geulis.

Malahmandar bisa ngabobotohan sangkan manehna kapilih dina Pildacil. Sugan
we atuh aya engkoh anu bogoheun si Ema, gerentes hatena.

Dina emprona, Uje jeung si Nyai geus nagen we dina antrian audisi di ANTV.
Bener we teu nyalahan, aya hiji Engkoh anu kabongroy ku kageulisan Uje.

Teu sirikna sagala dipeupeujeuhkeun sagala kahayang si Nyai tah ku si
Engkoh. Tug nepikeun ka jadina si Nyai kapilih jadi 5 Pildacil Pinilih sesi
ka 1000 ANTV.

Keur ngeunah ngeunah we si Nyai hutbah, Engkoh ngadeukeutan Uje. Leungeunna
mimiti gagarayaman, teu nempo kana beuteung mendeyang da ceuk pamikiran si
Engkoh:"Awewe mah sarua bae, da anu utamana mah nyeta liangna!"

Barang keur guruyam garayam kitu ana jerit teh Neng Uje (cing tatadi nya!)
ngagerewek, aeh, ngajerit maratan langit.

Hmmm, aya naon ciiiiing?
Nyambung, aaaaargh!

Pipiet Senja, keur nungguan dokter di Hematologi RSCM.
Sent from my BlackBerry®
powered by Sinyal Kuat INDOSAT
------------------------------
*From: * YADI supriadi wendy <[email protected]>
*Sender: * [email protected]
*Date: *Tue, 04 Sep 2012 11:50:51 +0700
*To: *<[email protected]>
*ReplyTo: * [email protected]
*Subject: *Re: [Urang Sunda] Fiksimini - Nyuluran



On 2012-09-04 11:35, [email protected] wrote:

> Kenging diteraskeun yeuh ku sim kuring? Meuni hebooooooh eung!
>
Tarik Teh, tamba tiiseun.....

--
Wassalam,

Yadi Supriadi Wendy
.: dikirim ku kadeudeuh :.

  

Kirim email ke