Waktu Jalma
nanyakeun Ki Padmarasa, urang lembur nyebutkeun yen eta sepuh teh jauh ka jero
deui; ayana di puncak Gunung muria; nu lalakonna mun dijalanan aya ka na sapoe
jeputna.
Jalma
neruskeun perjalanan, ka jalan nu ngan hiji2na; euweuh jalan sejen nuju ka
padumukan Ki Padmarasa, salian ti eta jalan, nu kacirina ditaratas ku nu
kabeneran ngaliwat ka dinya. Jalanna terus nanjak nuju ka lamping gunung.
Sajeroning
leumpang , manehna ngalieuk ka tukang, manehna rada kaget oge, sabab
pamandangan ti dinya ka pasisir kacida endahna. Katenjo laut satungtung deuleu,
terus garis Pulo Jawa nu rungkal ringkel,
Subhanallah wal Hamdulillah, Jalma
ngucap syukur ka Pangeran, ti na geus nenjo hiji pamandangan nu sakitu endahna;
terus manehna ge muka bekel da geus karasa lapar.
Sanggeus
istirahat sakeudeung, manehna nuju ka sisi solokan nu caina kacida ngagenyasna,
lantaran can ngajaran kakotoran ku manusa; nya Jalma wudhu terus shalat Dhuha.
Manehna ngadu’a supaya ieu perjalanan panggih jeung kamangpaatan.
Geus kitu mah
dius Jalma lumpat make Elmu hampang raga; atuh najan nanjak ge ngan sakeudeung
geus nepi ka lamping nu leuwih luhur.
Waktu
manehna eureun ngalieuk heula katukang, katenjo pasisir geus leutik pisan,
tanda perjalaanan manehna geus jauh; manehna terus shalat Lohor di dinya. Beres
shalat jeung ngadu’a, biur deui manehna nuju ka lamping nu leuwih luhur deui.
Barang geus
luhur pisan, manehna nempo latar nu datar, jeung asri , aya jalan leutik nu
nembus
ka hiji tempat, nya manehna nuju ka tempat nu sigana aya jelemaan; bener we
manehna ahirna nempo hiji imah nu basajan pisan, barang manehna ngadeukeutan,
katempo aya hiji jelema kaluar ti eta imah leutik, umurna kira2 sabangsa 50an
taun; Jalma gancang rengkuh terus aweh salaam; si bapa ngawalonan ku wa_alaekum
salam.
Eta bapa2
teh nanya rek nemonan saha , budak ngora jauh2 naek ka Gunung Muria; nu di
walon ku Jalma naha eta jelema teh ngaranna Ki Padmarasa !?
Eta jelema
seuri mani nyakakak:”Hahahaha, mun bapa Ki Padmarasa, tada teuing lobana manusa
palinter di ieu dunya. Kuring mah saukur badegana cenah, lantaran hayang nimba
elmu ka Ki Padmarasa; tapi nepi ka ayeuna teh, can wae diaku murid tah ku
anjeunna.
Si Bapa teh
ngaranna Ki Busro, urang Kendal, ka dinya lantaran meunang pituduh ti hiji
kenalan , yen Ki Padmarasa teh hiji Ulama Jumhur, tapi embung katangar ku
batur; manehna ngahaja nyingkur; ku sabab Ki Busro hiji jelema nu resep ngulik
elmu, utamaana elmu kaislaman, nya ieu tempat dijugjug ku manehna; di dinya
geus aya 5 taunna; tapi cenah Ki Padmarasa teu narima murid, ngan ngadidik
manehna supaya terus ngaji diri.
Nya atuh,
salian ti terus maca_an kitab kuning nu sok dibawa ku manehna, manehna oge
sering napakuran diri, tapi sanggeus sababaraha kali dialog, Ki Padmarasa enya
ge someah pisan, keukeuh nolak dipiguru, lantaran cenah elmu nu dicekel ku
manehna can puguh leuwih luhur ti Ki Busro.
Pogot oge
Jalma ngadengekeun obrolan Ki Busro; duanana langsung akrab jeung ngarasa akur,
lantaran elmu nu dicekel ku Ki Busro jeung Jalma kira2 sarua.
Terus Ki
Busro nyarita yen di na bagbagan Elmu kanuragan oge sigana di na waktu ieu mah
moal aya nu bisa nendengen kaluhuran elmuna Ki Padmarasa….
Nepi ka
dinya, Jalma rada heran … naha enya aya jelema nu leuwih hebat ti batan Ki
Nurustunjung? Guruna ? Naha teu kungsi bareto Ki Nurustunjung panggih jeung Ki
Padmarasa ?!
HANCA