engke ke dugi ka na alesan jeung cepengan. Sadaya manusa boga cecekelan sorangan kayakinan sorangan; di na hal ieu kumaha yakinna manehna; da ibadah ge kapan teu yakin mah teu sah. Hartina IMAN teh kudu terus dibawa satutung tung urang kumelendang di ieu alam dunya. Iman ge lain wungkul nyebut percaya ka Allah; tapi leuwih ti kitu. Iman teh kayakinan. Model ibadah ge aya imanna. urang ibadah ; yakin yen taraweh 23 rakaat; prak laksanakeun. Atuh ka nu yakin 11 rakaat prak oge laksanakeun. Tah kayakinan nu kitu teh kaasup IMAN oge.
--- In [email protected], Narayana Adipranata <narayana_thea@...> wrote: > > hampura nya bah Aa... ari ceuk ieu, jalma samodel ki padmarasa nu luhung elmu > agamana terus nyingkur di puncak gunung asana teh gambaran nu salah. naha > salah? pan meureun ari jalma nu luhur elmu agamana, salian ti boga pribadi ka > Allah, boga oge kawajiban sosial nyaeta da'wah tea. > > > > ________________________________ > Dari: Abbas Amin <abas_amin08@...> > Kepada: kisunda <[email protected]>; urangsunda > <[email protected]> > Dikirim: Rabu, 5 September 2012 13:33 > Judul: [kisunda] Cersil Sunda 278 > > >  > Waktu Jalma > nanyakeun Ki Padmarasa, urang lembur nyebutkeun yen eta sepuh teh jauh ka jero > deui; ayana di puncak Gunung muria; nu lalakonna mun dijalanan aya ka na sapoe > jeputna. > > Jalma > neruskeun perjalanan, ka jalan nu ngan hiji2na; euweuh jalan sejen nuju ka > padumukan Ki Padmarasa, salian ti eta jalan, nu kacirina ditaratas ku nu > kabeneran ngaliwat ka dinya. Jalanna terus nanjak nuju ka lamping gunung. > > Sajeroning > leumpang , manehna ngalieuk ka tukang, manehna rada kaget oge, sabab > pamandangan ti dinya ka pasisir kacida endahna. Katenjo laut satungtung > deuleu, > terus garis Pulo Jawa nu rungkal ringkel, > > > Subhanallah wal Hamdulillah, Jalma > ngucap syukur ka Pangeran, ti na geus nenjo hiji pamandangan nu sakitu > endahna; > terus manehna ge muka bekel da geus karasa lapar. > > Sanggeus > istirahat sakeudeung, manehna nuju ka sisi solokan nu caina kacida > ngagenyasna, > lantaran can ngajaran kakotoran ku manusa; nya Jalma wudhu terus shalat > Dhuha. > > > Manehna ngaduâa supaya ieu perjalanan panggih jeung kamangpaatan. > > Geus kitu mah > dius Jalma lumpat make Elmu hampang raga; atuh najan nanjak ge ngan sakeudeung > geus nepi ka lamping nu leuwih luhur. > > Waktu > manehna eureun ngalieuk heula katukang, katenjo pasisir geus leutik pisan, > tanda perjalaanan manehna geus jauh; manehna terus shalat Lohor di dinya. > Beres > shalat jeung ngaduâa, biur deui manehna nuju ka lamping nu leuwih luhur > deui. > > Barang geus > luhur pisan, manehna nempo latar nu datar, jeung asri , aya jalan leutik nu > nembus > ka hiji tempat, nya manehna nuju ka tempat nu sigana aya jelemaan; bener we > manehna ahirna nempo hiji imah nu basajan pisan, barang manehna ngadeukeutan, > katempo aya hiji jelema kaluar ti eta imah leutik, umurna kira2 sabangsa 50an > taun; Jalma gancang rengkuh terus aweh salaam; si bapa ngawalonan ku > wa_alaekum > salam. > > Eta bapa2 > teh nanya rek nemonan saha , budak ngora jauh2 naek ka Gunung Muria; nu di > walon ku Jalma naha eta jelema teh ngaranna Ki Padmarasa !? > > Eta jelema > seuri mani nyakakak:âHahahaha, mun bapa Ki Padmarasa, tada teuing lobana > manusa > palinter di ieu dunya. Kuring mah saukur badegana cenah, lantaran hayang nimba > elmu ka Ki Padmarasa; tapi nepi ka ayeuna teh, can wae diaku murid tah ku > anjeunna. > > Si Bapa teh > ngaranna Ki Busro, urang Kendal, ka dinya lantaran meunang pituduh ti hiji > kenalan , yen Ki Padmarasa teh hiji Ulama Jumhur, tapi embung katangar ku > batur; manehna ngahaja nyingkur; ku sabab Ki Busro hiji jelema nu resep ngulik > elmu, utamaana elmu kaislaman, nya ieu tempat dijugjug ku manehna; di dinya > geus aya 5 taunna; tapi cenah Ki Padmarasa teu narima murid, ngan ngadidik > manehna supaya terus ngaji diri. > > Nya atuh, > salian ti terus maca_an kitab kuning nu sok dibawa ku manehna, manehna oge > sering napakuran diri, tapi sanggeus sababaraha kali dialog, Ki Padmarasa enya > ge someah pisan, keukeuh nolak dipiguru, lantaran cenah elmu nu dicekel ku > manehna can puguh leuwih luhur ti Ki Busro. > > Pogot oge > Jalma ngadengekeun obrolan Ki Busro; duanana langsung akrab jeung ngarasa > akur, > lantaran elmu nu dicekel ku Ki Busro jeung Jalma kira2 sarua. > > Terus Ki > Busro nyarita yen di na bagbagan Elmu kanuragan oge sigana di na waktu ieu mah > moal aya nu bisa nendengen kaluhuran elmuna Ki Padmarasaâ¦. > > Nepi ka > dinya, Jalma rada heran ⦠naha enya aya jelema nu leuwih hebat ti batan Ki > Nurustunjung? Guruna ? Naha teu kungsi bareto Ki Nurustunjung panggih jeung Ki > Padmarasa ?! > > HANCA > ------------------------------------ Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ <*> Your email settings: Individual Email | Traditional <*> To change settings online go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join (Yahoo! ID required) <*> To change settings via email: [email protected] [email protected] <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [email protected] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
