Ku sabab
Jalma rada ngahuleng, Ki Busro bari semu heran nyarita deui, pokna:”Sampeyan
Mas Jalma, pasti teu yakin ku omongan Kulo, lantaran Mas Jalma pasti panggih
jeung loba Pendekar di Tanah Jawa waktu ieu … tapi sanajan Elmu maranehna
memang hebat, meureun saluhureun Kulo oge; tapi pasti mo mapakan ka na kabisa
jeung kaluhuran Elmu Ki Padmarasa.” Omonganana kaciri yakin pisan. 


 “Tapi mun Mas Jalma datang kadieu rek guguru
Elmu … hehehe … cek uing mah maning batalkeun … moal aya gunana … ka miceun2
wae umur … Ki Padmarasa moal daek nurunkeun elmuna … tah uing ge geus limang
tahun nyabaran … kapan teu wae ditarima.” Cek Ki Busro nambahan deui. 


“Ke atuh “
cek Jalma hayang nyaho , “Kumaha mun kuring guguru ka Paman we atuh, naha rek
narima ?” 


“Hahahaha !
Kapan uing ge rek guguru … kumaha bisana boga murid !?” 


Jalma :” ari
cek kuring mah, diajar wajib, nyebarkeun elmu mangfaat wajib … naha pakde Busro
jadi lali ka na eta Dalil ?!” 


Ki Busro :”
tapi aya Dalil: samemeh mapatahan batur, papatahan heula diri sorangan … tah
mun nyekel dalil nu ieu, uing teu pantes mere elmu ka sampeyan; jeungna deui
can puguh Elmu uing leuwih luhur ti batan sampeyan !” nyaritana kitu teh bari
jeung ngan sakilat Ki Busro nyerang ka na dada Jalma nu diuk hareupeunana. 


Jalma kaget,
tapi manehna reflex nyingcet; tapi kakara ge lolos ti na eta serangan … Ki
Busro geus nyerang deui ! Ayeuna mah ku tajongan nu Kacida kesitna … Jalma
gancang luncat ngajauhan bari nyorowok :”Ke tahan heula paman ! nanaonan teu
puguh2 paman nyerang ka kuring !?” 

Lain eureun
Ki Busro malah nambahan deui seranganana , malah ayeuna mah leuwih beurat ti
batan nu tadi; ayeuna mah serangan teh bari jeung geus disiapkeun serangan2
sejenna. Kapaksa Jalma ayeuna mah ngaladenan bari sabisa bisa nahan sabar, da
asa teu puguh2, ti na ngobrol bet jadi tarung. 

Jalma sama
sakali teu ngalawan enya2 atuh ripuh pisan; sababaraha kali ampir kacabok atawa
katinggang ! Nepi ka sosoloyongan ampir rubuh; sabab nyingcet ti na serangan Ki
Busro nu kaciri enyaan pisan. 

Jalma ayeuna
ti na ngarasa kaget jeung heran, jadi keuheul oge nya ayeuna mah manehna ge
serius ngalayanan, bari na hatena mun perlu mah mabur, lantaran asa ka teuteu
ari ngalayanan nu kurang ; karo2 gelo.  

Ku sabab
ayeuna mah Jalma enya2 ngalayanan Ki Busro; ngan sakeudeung geus ngaliwatan 40
jurus; ahirna plak ! plak ! diaduna dua tatapak leungeun duanana. 

Koloyong
Jalma ngoloyong aya ka na 5 lengkahna, ampir we tijungkel ! sedengkeun Ki Busro
mundur 3 lengkah. 

“Hahahahaha
! Mas Jalma … hehehe … ngora keneh, tapi geus boga tanaga jero sakitu luhurna;
lima taun deui uing geus teu bisa deui ngalawan sampeyan ! Hahahaha, kumaha uing
rek jadi guru sampeyan !?” 

Jalma
sajongjongan mah ngahuleng, rupana Ki Busro keur nguji manehna; manehna rada
balaham belehem. Terus we Ki Busro ngagupayan, bari ngajak barang dahar jeung
nginum. Nya Jalma diuk deui bari rada hah heh hoh… tapi keur kitu leng we Jalma
ngarasa lieur pisan , bumi asa muter … Jalma geus teu kuat deui harita keneh
ngajungkel katuralengan.HANCA
 

Kirim email ke