Kang, najan awewe pego teu bisa nyarita, ari geulis mah teu nanaon da pastina bogaeun liang apem. Anu jadi masalah mun eta awewe teu bogaeun liang apem. Deur lah Kang Abas teruskeun cersilna Kuring rek ngadepong deui...........
2012/9/11 Abbas Amin <[email protected]> > ** > > > Si Wanoja boronyoy gumujeng kaciri bungah yen ngahuapan ubar ka Jalma geus > hasil; tapi weleh teu aya sora kaluar sama sakali. Terus eta wanoja pepeta > deui maksudna kaharti ku Jalma; yen Jalma gancang geura sare. > > > Jalma masih mikir yen eta wanoja teh hanjakal PEGO ! teu bisa nyarita sama > sakali. Emh lebar ku geulisna … cek Jalma na hatena, tapi teu lila lantaran > Jalma ngarasa tunduh pisan, meureun pangaruh obat; nya les we Jalma sare > mani tibra pisan. > > > Isukna Jalma nyaring, bari awakna ngarasa seger terus we nyoba diuk; > ayeuna mah bisa diuk; terus nyoba nyalurkeun tanaga; tapi rada hese , nya > Jalma ngajalankeun latihan napas; tapi karasa jalanna napas can lancar. > > > Aduh, geuning bahaya pisan eta Elmu Jaya Ludira teh ? nepi ka mangaruhan > ampir 7 bagean tanagana ? Naha aing bakal pulih deui ? > > > Keur kitu jol we si bapa2; ayeuna mah manehna ngenalkeun dirina teh nya > eta Ki Padmarasa; tuluy bari mesem manehna nanya ti saha Jalma nyaho ka > manehna? > > > Terus Jalma ngajelaskeun dirina nu tarung jeung Ki Brojo Nitis; nya ibu > guruna nya eta Nyi Padmini ngajurung kadieu. > > > Padmarasa teu pisan motong omongan Jalma; ngan ukur unggut2an we; > satutasna pok Ki Padmarasa nyarita : > > “Yeuh Jalma; nu keuna ku sabetan eta Elmu, di na sabulan mah teu meunang > ngumbar tanaga atawa tarung; tah ku sabab Jalma geus tarung ngalawan Ki > Busro; nya teu mangga pulia hidep Jalma katuralengan keuna serangan ti > jero; untung hidep geus gancang ditulungan ku Nyi Padmini; mun henteu mah > bahaya pisan.” > > > Sajongjongan Jalma melengek we; nu teu nyangka akibatna bakal sakitu > beuratna. > > > Unggal poe Ki Padmarasa jeung anakna nu awewe; nu ayeuna mah Jalma apal; > yen eta teh Anggraeni; terus we gentenan nalingakeun Jalma; duanana Kacida > talatenna; jadi Jalma teh beuki sehat ayeuna mah. Ka na shalat can ngajaran > tinggaleun; ari lain waktu kapaehan tea mah. > > > > Sanggeus aya ka na dua bulanna Jalma aya di imah Ki Padmarasa; Jalma nyoba > diuk terus latihan napas, bari konsentrasi; karasa ayeuna mah sagalana > lancar; Jalma kacida bungangangna, terus we Jalma konsentrasikeun hawa > nafasna sina mebes ka na handapeun puseur/bujal; cakra ditingkatkeun; ari > eta nu disebut cakra teh nya eta tempat inti dimana tanaga jero diolah. > Kira2 aya na di na deukeut mamaras uluati; ti dinya hawa digiring supaya > nyimpen di gudang; nya eta sahandapeun bujal; saluhureun alat vital; Jalma > ngarasakeun hawa murni na muter lancar pisan, jeung geus nyimpen deui > tanaga2 cadangan nu teu aya wates wangenna. > > > Jalma gancang hudang ti na konsentrasina; saterusna harita keneh sujud > syukur. > > Assalamu’alaikum. Kadenge sora Ki Padmarasa awehsalam; langsung bari > ngagurinjal Jalma ngawalonan Wa_alaikumussalaaam. > > Ki Padmarasa asup bari kaciri daria pisan. > > > “Yeuh Jalma, hidep teh ayeuna geus sehat pisan; kabeh sesa racun Indra > Ludira geus kapiceun ; malah aya onjoyna ayeuna mah.” Cek Ki Padmarasa bari > mesem nu Kacida dariana. > > > HANCA > > > -- ngajengjehe
