Si Wanoja
boronyoy gumujeng kaciri bungah yen ngahuapan ubar ka Jalma geus hasil; tapi
weleh teu aya sora kaluar sama sakali. Terus eta wanoja pepeta deui maksudna
kaharti ku Jalma; yen Jalma gancang geura sare.
Jalma masih
mikir yen eta wanoja teh hanjakal PEGO ! teu bisa nyarita sama sakali. Emh
lebar ku geulisna … cek Jalma na hatena, tapi teu lila lantaran Jalma ngarasa
tunduh pisan, meureun pangaruh obat; nya les we Jalma sare mani tibra pisan.
Isukna Jalma
nyaring, bari awakna ngarasa seger terus we nyoba diuk; ayeuna mah bisa diuk;
terus nyoba nyalurkeun tanaga; tapi rada hese , nya Jalma ngajalankeun latihan
napas; tapi karasa jalanna napas can lancar.
Aduh,
geuning bahaya pisan eta Elmu Jaya Ludira teh ? nepi ka mangaruhan ampir 7
bagean tanagana ? Naha aing bakal pulih deui ?
Keur kitu
jol we si bapa2; ayeuna mah manehna ngenalkeun dirina teh nya eta Ki Padmarasa;
tuluy bari mesem manehna nanya ti saha Jalma nyaho ka manehna?
Terus Jalma
ngajelaskeun dirina nu tarung jeung Ki Brojo Nitis; nya ibu guruna nya eta Nyi
Padmini ngajurung kadieu.
Padmarasa teu pisan motong omongan Jalma; ngan ukur
unggut2an we; satutasna pok Ki Padmarasa nyarita :
“Yeuh Jalma;
nu keuna ku sabetan eta Elmu, di na sabulan mah teu meunang ngumbar tanaga
atawa tarung; tah ku sabab Jalma geus tarung ngalawan Ki Busro; nya teu mangga
pulia hidep Jalma katuralengan keuna serangan ti jero; untung hidep geus
gancang ditulungan ku Nyi Padmini; mun henteu mah bahaya pisan.”
Sajongjongan
Jalma melengek we; nu teu nyangka akibatna bakal sakitu beuratna.
Unggal poe
Ki Padmarasa jeung anakna nu awewe; nu ayeuna mah Jalma apal; yen eta teh
Anggraeni; terus we gentenan nalingakeun Jalma; duanana Kacida talatenna; jadi
Jalma teh beuki sehat ayeuna mah. Ka na shalat can ngajaran tinggaleun; ari
lain waktu kapaehan tea mah.
Sanggeus aya
ka na dua bulanna Jalma aya di imah Ki Padmarasa; Jalma nyoba diuk terus
latihan napas, bari konsentrasi; karasa ayeuna mah sagalana lancar; Jalma
kacida bungangangna, terus we Jalma konsentrasikeun hawa nafasna sina mebes ka
na handapeun puseur/bujal; cakra ditingkatkeun; ari eta nu disebut cakra teh
nya eta tempat inti dimana tanaga jero diolah. Kira2 aya na di na deukeut
mamaras uluati; ti dinya hawa digiring supaya nyimpen di gudang; nya eta
sahandapeun bujal; saluhureun alat vital; Jalma ngarasakeun hawa murni na muter
lancar pisan, jeung geus nyimpen deui
tanaga2 cadangan nu teu aya wates wangenna.
Jalma
gancang hudang ti na konsentrasina; saterusna harita keneh sujud syukur.
Assalamu’alaikum.
Kadenge sora Ki Padmarasa awehsalam; langsung bari ngagurinjal Jalma ngawalonan
Wa_alaikumussalaaam.
Ki Padmarasa
asup bari kaciri daria pisan.
“Yeuh Jalma,
hidep teh ayeuna geus sehat pisan; kabeh sesa racun Indra Ludira geus kapiceun
; malah aya onjoyna ayeuna mah.” Cek Ki Padmarasa bari mesem nu Kacida dariana.
HANCA