cERSIL sUNDA KA 284
Jalma nu ti
tatadi saregep we ngabandungan, ayeuna mah milu kaget nepi ka nyoara ,
nandakeun kaherananana. 

Ku reaksi
Jalma kitu, Ki Padmasari seuri dikemu tea … pok deui neruskeun caritana:”Cohagna
ayeuna sampeyan Jalma … ; ujang teh geus boga tilu rupa tanaga nu sacara  “teu 
dihaja” jeung “teu disangka sangka” “
jajauheun ka na kitu na teh “ ; “kajadian nu Kacida langkana ; “ampir cara
MUZIZAT” . tiap Ki Padmarasa nyebutkeun satiap kalimah nu aneh2 kitu, kaciri
aya tekenan2 khusus bari jeung eureun2an . Jalma nampana ngan bati olohok we. 

Tapi
sanggeus rada lila, bari mamandapan, Jalma nyarita :”punten pisan Ki Padmarasa,
kuring bade kokolot begog tumaros …” 

Ki Padmarasa
:”Sok … sok kadinyah … tanyakeun we kapanasaran ati, ulah dikemu … barina ge ti
tatadi ama we nu ngocomang ; hidep ayeuna mah daek nyebut ama we nya ka bapa
teh?” 

Jalma
:”Aduuuh … caang bulan opat welas atuh Ama … tapi naha ama teu kaabotan ku sim
abdi disebut ama ?” 

Padmarasa
:”IH ulah ngabasakeun sim abdi ka ama mah; kuring we atuh Jalma.” Ayeuna mah
teu ngaujangkeun deui Ki Padmarasa teh, tanda geus ngarasa deukeut jeung Jalma. 

“Hehehe,
sumuhun ama, mangga kuring ngaestokeun pisan … tah ama, patarosan kuring teh
nya eta : 1. Leres eta tanaga nu aya di diri kuring teh ajaib; tapi panginten
Ama tiasa ngajelaskeun saeutik wae mah, kira2 naon nu nyababkeun kitu.  Atuh ka 
2. Kumaha akibat2na engke kinten2na
ka diri kuring    3. Naha eta tanaga teh
bisa terus ngajadi milik kuring atawa kumaha . 

Tah ieu panginten
kapanasaran kuring teh, ama.” 

Memeh
ngawalonan , Ki Padmarasa seuri leutik heula:” Sok loba jelema nu salah sangka
ka Ama teh, pajarkeun Ama teh gudangna ELMU; padahal mah hahah … sarua we jeung
hidep Jalma; Ama teh loba ka teu nyaho.” 

Ki Padmarasa
eureun pok nyarita deui :”Sok loba jelema2 nyebutkeun Ama teh ahli agama jeung
ahli tafakur … padahal mah biasa we Ama teh dahar, pake, nginum, jeung
ngabogaan kulawarga, saperti umumna jelema sejen; teu teu singna ahli tafakur;
ngan pedah meureun Ama nyingkur di ieu gunung.” 

“Tah masalah
panyakit hidep ayeuna … ku ama bakal dicoba diruntut hiji2 … rupana wae … salah
sahiji tanaga … atawa duanana … aya ngandung reaksi nu luar biasa … tapi teu
sakabeh Pendekar boga tanaga nu sipatna kitu … sigana mah ieu tos Pangersa
Gusti Allah; yen eta tanaga nu nyilakakeun hidep, malah robah jadi ngabantu
atawa ngahiji jeung tanaga jero hidep; tapi leuwih ti kitu deuih; eta tanaga nu
kombinasi teh bisa nyedot oge tanaga batur; bari jeung teu dihaja.” 

Nepi ka
dinya Ki Padmarasa eureun nyaritana; melong we ka Jalma; di mana Jalma rada
tungkul; lantaran ngarasa rada era oge. Tapi Jalma ngarasa rada ngarti ayeuna
mah; jadi mun aya tanaga jero kaasupan tanaga ti luar; umumna mah tarung; nepi
ka si nu nyekel eta tanaga bisa cilaka; sabalikna mun daya tahan jasmani na
alus; bakal nambah kakuatan jeung kakebelan na diri. Eta nu kaharti ku Jalma.
Tapi manehna rada teu ngarti masalah nyedot tanaga batur mah, eta mah asa
kaleuleuwihi teuing. 
Hanca

Kirim email ke